Aceh di Mata Urang Sunda

Penulis Arif Ramdan


kandel: xix- 215

Penerbit: Bandar Publishing, Aceh

 

hampura mun ieu mah lain resensi, ngan ukur ngabejaan baraya nu resep maca, 
bisi harayang apal jerona aceh, nu ditulis ku urang sunda. can dibaca gemet, da 
keur pakepuk ku cicing...tea



Noong judulna, tangtu langsung apal maksudna. Pangalaman urang Sunda, dina hal 
ieu nu nulisna, Arif Ramdan, urang Garut nu  milu jadi relawan pascatsunami 
Aceh 26 Desember 2006. ti harita sigana Arif teu balik deui ka lambur, da gawe 
jadi wartawan Serambi Indonesia, koran Aceh.

 

Dipanganteuran ku bah Surya (HR Hidayat Suryalaga) oge sesepuh Urang Sunda di 
Banda Aceh, Prof Utju Ali Basya, urang Bogor, dosen di Unsyiah, jeung pamingpin 
umum koran Serambi Indonesia,  H Sjamsul Kahar. abah surya nu humanis jeung 
ngajenan pluralisna endonesya, ngajudulan panganteurna ku "Aceh dalam tatapan 
mesra urang sunda..." 



noong daptar eusina mah, Arif, wedalan Garut 31 Juli 1980, nyaritakeun sagala 
widang. 

Bab I soal pulitik, nu eusina diantara identifikasi Arif sorangan salaku urang 
Sunda, lain Jawa. sigana urang Aceh nganggap yan sakumna manusa nu ti pulau 
jawa, urang jawa. terus soal Jawa penjajah, partey aceh, kartosuwirjo-Daud 
Beureuh, oge Gam Cantoi



Bab 2 sosial budaya, diantara cara arif ngawanohan aceh, patalina batin Aceh ka 
Sunda sabab ayana makam Cut Nyak Dien di Sumedang, 

bab 3 rekonstruksi & perdamaian, sigana soal ngawangun deui aceh jeun 
perdamaian dumasar perjanjian helsinki.



saliwat manggih carita kontradiksi nu bisa jadi salah salima aceh kungsi hurung 
bae. soal keadilan, jsb. pausahaan gas jeung minyak di aceh, ngan make urang 
aceh pikeun office boy. naha bisa kitu? asa piraku urang aceh euweuh nu pinter 
atawa nu sarjana? bisa jadi alatan urang acehna, nu sarjana jsb, di jakarta, 
atawa di kota/pulo lain.



aya nu lucu, di kaca 109, judul tulisan Banda Aceh, Kota Seribu Toko

dimimitian ku plesetan lagu Sambung menyambung menjadi toko, itulah Banda 
Aceh...haha



aya nu keren pisan, tulisan urang walanda, dicutat dina  artikel beunang Ampuh 
Devayan,budayawan Aceh, 

"Aceh dapat dibunuh, tapi tidak dapat ditaklukan" van de Vier dian buku Perang 
Aceh (Aceh Oorlog)

 

Dosana buku ieu teh, hurupna laleutik teuing. 

Kirim email ke