Sampurasuuuun... Langkung ti payun, hapunten anu kasuhun, hususna ka mrachmatrawyani. Sabada maca seratan salira, sim kuring sapagodos pisan, yen kiwari mah basa anu baris dipikawanoh teh kecap-kecap anu mindeng dipake nyatur ku jalma-jalma di media, khususnya TV. Mangga eta mah, nyanggakeun ka sadayana Ngan eta, aya saeutik anu bade didugikeun. Maca ungkara "...nu paling sering aya...", asa kagok, sabab kecap paling dina eta ungkara pangaruh tina struktur kalimah basa Indonesia. Sapertos : "Paling tinggi..."; "Paling banyak...."; Paling populer..." sareng sajabina. Dina basa Sunda mah, asa bakal leuwih merenah lamun ungkara "... nu paling seringaya..." teh jadi "... nu pangseringna (pangmindengna) aya....." Jadi : paling dina ungkara nu tadi maksadna sami sareng pang. Conto : Pangkasepna; Pangmeditna; Pangbeungharna; Pangseringna... sareng sajabina.
Sakitu nu kapihatur Sakali deui neda tawakup tina samudayaning kalelepatan, rumaos kumawantun. Cag. --- Pada Jum, 15/5/09, MRachmat Rawyani <[email protected]> menulis: Dari: MRachmat Rawyani <[email protected]> Topik: Re: [Urang Sunda] lalakon basa sunda...nu paling sering aya Kepada: [email protected] Tanggal: Jumat, 15 Mei, 2009, 6:10 AM Enya nya, teu kapikir. Sacara teu dihaja, sakumna etnik sejen anu kungsi ka Jawa Barat, komo bari jeung cicing rada lila, pasti aya sakecap dua kecap basa Sunda anu dipikawanoh. Kalolobaanana anu katoong ku si kuring, sababarah disertasi (S3) di UI, ngabahas perkara basa indung dina kulawarga anu kawin beda etnik/sukubangsa. Can aya (atawa can kanyahoan) disertasi anu ngabahas, kecap atawa basa mana anu paling dipikawanoh ku para seler/sukubangsa di Indonesia. Eta meureun upama dijieun disertasi, "cetek' pisan topikna, atawa heunteu "ngilmiah". Tapi jigana mah, ayeuna basa batawi anu paling dipikawanoh teh. Sok bae tengetan di stasiun televisi (anu staisuna di peuseur dayeuh ibukota nagara) , pasti kaluar kecap "lu" jeung "gue". Jiga ayeuna wae, kecap naon anu paling sering aya di sagala media jeung jadi bahan omongan jalam? Pasti SBY, JK, MEGA. baktos, mrachmatrawyani --- On Fri, 5/15/09, mj <ja...@itenas. ac.id> wrote: From: mj <ja...@itenas. ac.id> Subject: [Urang Sunda] lalakon basa sunda To: urangsu...@yahoogro ups.com Date: Friday, May 15, 2009, 10:45 AM mun ngayakeun survey, basa mana nu panglobana dipake di nusantara, nya dumasar ka jumlah populasi mah meureun basa jawa. basa nasional bisa kadua atawa katilu, sabab dipakena ngan di tempat jeung antar manusa nu tangtu. meureun mayoritas di pake di jakarta jeung kota-kota gede. mun aya survey, basa indung nu mana nu panglobana dipikawanoh ku dulu seler sejen, atawa seler sejen barisaeun, bisa jadi basa sunda. alesanana kahijina, geus ti baheula mula, sebut we jaman sukarno sakola di bandung. manehna jadi bisaeun jeung maher basa sunda. sigana kitu oge nu sejen seler ti mana mendi. mun di banding wilayah nusantara nu panglobana didaratangan, nya jakarta, kaduana tangtua wilayah pasundan, tatar sunda, bandung jeung sabudeureun jakarta. sanajan sigana kaayeunakeun teu kabeh nu ngumbara ka urang daraek diajar basa sunda, utamana 'kelas atas' ku keterbatasan gaul jeung lingkungan. sanajan cenah di itb baheula loba kadenge basa jawa, dipake ku urang jawa nu kuliah di dinya, tangtuna maranehna oge jadi barisa basa sunda, hususna nu gaul. mun aya survey loba mana urang sunda bisa basa jawa jeung urang jawa atawa seler sejen bisa basa sunda, tangtu urang sunda eleh. da us nu ngumbara di lembur batur, leuwih saeutik ti seler sejen nu ngumbara di urang. hehe. Yahoo! Mail Sekarang Lebih Cepat dan Lebih Bersih. Rasakan bedanya! http://id.mail.yahoo.com

