Pangaweruh urang Sunda dina hal rupa-rupa barang logam mindeng kasabit dina naskah Sunda kuna, dina Sanghyang Siksakandang Karesian (1518) disebutkeun nu nyieun pakarang teh panday, ditataan rupa-rupa pakarang, boh keur raja, keur resi boh keur wong tani. Dina Sewaka Darma (aya nu nyebutkeun saumur jeung Sanghyang Siksakandang Karesian) disebutkeun rupa-rupa ngaran logam, kayaning beusi, tambaga, salaka (perak), emas, cundiga (waja bodas), malela (waja hideung, rada poho deui boa tibalik, antara cundiga jeung malela). Kitu deui dina naskah Sanghyang Sasana Maha Guru (cek Kang Adit kitu ge), disebutkeun runtuyan barang teuas saluyu jeung ajenna, kayaning emas, salaka, tambaga, cundiga, jeung beusi. Pertanyaan sim kuring kira-kira kumaha jaman harita ngagolakeun beusi, naon disebutna wadah keur ngagolakeun beusi. Tangtu ieu teh pagawean panday. Gosali jaman harita meureun beda jeung gosali jaman ayeuna, ayeuna mah beusi teh geus mangrupa lempengan, jaman baheula mah meureun mangrupa keneh bijih besi (enya rada hese pikiran jaman kiwari dibawa ka bihari). Ka baraya sadayana, manawi aya info kumaha ngolah beusi jaman bihari, cik sim kuring wartosan. Hatur nuhun.
MSas (teu maju-maju ngagulang-gaper bedog teh eungggg) -- http://rumahbacabukusunda.blogspot.com

