Catetan paningalan sajarah manusa make beusi kacatet 1370 taun samemeh Masehi (Arundelian marble note).
On 5/19/09, Mat Sasmita <[email protected]> wrote: > > > > Pangaweruh urang Sunda dina hal rupa-rupa barang logam mindeng kasabit dina > naskah Sunda kuna, dina Sanghyang Siksakandang Karesian (1518) disebutkeun > nu nyieun pakarang teh panday, ditataan rupa-rupa pakarang, boh keur raja, > keur resi boh keur wong tani. > Dina Sewaka Darma (aya nu nyebutkeun saumur jeung Sanghyang Siksakandang > Karesian) disebutkeun rupa-rupa ngaran logam, kayaning beusi, tambaga, > salaka (perak), emas, cundiga (waja bodas), malela (waja hideung, rada poho > deui boa tibalik, antara cundiga jeung malela). > Kitu deui dina naskah Sanghyang Sasana Maha Guru (cek Kang Adit kitu ge), > disebutkeun runtuyan barang teuas saluyu jeung ajenna, kayaning emas, > salaka, tambaga, cundiga, jeung beusi. > Pertanyaan sim kuring kira-kira kumaha jaman harita ngagolakeun beusi, naon > disebutna wadah keur ngagolakeun beusi. Tangtu ieu teh pagawean panday. > Gosali jaman harita meureun beda jeung gosali jaman ayeuna, ayeuna mah beusi > teh geus mangrupa lempengan, jaman baheula mah meureun mangrupa keneh bijih > besi (enya rada hese pikiran jaman kiwari dibawa ka bihari). > Ka baraya sadayana, manawi aya info kumaha ngolah beusi jaman bihari, cik > sim kuring wartosan. > Hatur nuhun. > > MSas > (teu maju-maju ngagulang-gaper bedog teh eungggg) > -- > http://rumahbacabukusunda.blogspot.com > >

