Upama keur di lembur, ari isuk-isuk, uing sok resep ngabandungan acara "Mamah dan Aa". Upama ditengetan ieu acara asa leuwih seger dibandingkeun jeung acara sarupa nu dipandu ku nu sejen. Tah jigana hal ieu nunjukeun salah sahiji kamotekaran wanoja Sunda. Tah jigana upama ieu dongeng teh dibacakeun duet, bakal leuwih hade.
Numatak upama Ki Leuksa purun, direkam masing masing sorana hungkul. ngarah Kang Irfan atawa saha wae, tiasa nga-remix jadi duet. (mh) 2009/5/19 mh <[email protected]>: > Hehehe. Keun eta mah tiasa saha wae. Tiasa Teh Roro, Kang Endoel > atawa saha wae. Ayeuna mah urang antosan heula, kumaha kasayogian Ki > Leuksa. Ngarah komplit profesi wanoja Urang Sunda teh, apan kamari mah > geuning aya beja wanoja Sunda tukang terjun payung. Tah ayeuna urang > tambahan wanoja Sunda juru dongeng. > (mh) > > 2009/5/19 Roro Rohmah <[email protected]>: >> >> >> MH? Ih, naha nunjuk ka abdi? … puguh sora abdi mah teu halimpu jiga Mang >> Jaya (puguh da pameget heheh). >> >> Abdi mah sok hoyong wae gumujeng mana bebelepbepan deuih ari nyarios the >> heheh… ke tapi InsyaAllah bade dicobian. Tawiskeun oge kanu sanes atuwh, >> supados rame. Saha nu pangsaena, tah eta nu dicandak... :) >> >> >> >> ro2 >> >> >>>>> [email protected] 05/19/09 09:32AM >>> >> Haturan Ki Leuksa, wiulujeng tepang sareng sim uing, >> ti pasisian Garut Kaler. >> >> Asa teu kabayang ti anggalna, bakal tepung sareng >> tukang dongeng, najan ukur di dunya maya. >> >> Inget taun 80-an, ari ngabandungan dongeng teh, >> ngadon ngagimbung di pipireun imah tatangga. >> >> Ki Leuksa, jigana hade, upama tradisi ngadongeng >> di radio tiasa dikembangkeun di Internet. >> >> Kumaha carana? Jigana bisa rereongan jika kieu: >> Ki Leuksa nyusun naskah carita dongeng, kira-kira >> durasina 5-menitan; teras postingkeun ka milis; >> Saterusna Teh Roro sina macakeun dongengna, >> sarta direkam, husus sorana wae tong make dipirig >> musik; teras simpen file mp3-na di goah publik; >> terus kang Irfan, atawa saha wae nu tukang >> multimedia moles file mp3 dipirig ku musik, rekam >> hasilna postingkeun ngaliwatan podcasting. >> >> Mangga, wilujeng ngabaladah Dongeng Sunda >> ngarambah Internet. >> >> nuhun >> mh >> >> >> >

