MH? Ih, naha nunjuk ka abdi? * puguh sora abdi mah teu halimpu jiga Mang Jaya (puguh da pameget heheh). Abdi mah sok hoyong wae gumujeng mana bebelepbepan deuih ari nyarios the heheh* ke tapi InsyaAllah bade dicobian. Tawiskeun oge kanu sanes atuwh, supados rame. Saha nu pangsaena, tah eta nu dicandak... :)
ro2 >>> [email protected] 05/19/09 09:32AM >>> Haturan Ki Leuksa, wiulujeng tepang sareng sim uing, ti pasisian Garut Kaler. Asa teu kabayang ti anggalna, bakal tepung sareng tukang dongeng, najan ukur di dunya maya. Inget taun 80-an, ari ngabandungan dongeng teh, ngadon ngagimbung di pipireun imah tatangga. Ki Leuksa, jigana hade, upama tradisi ngadongeng di radio tiasa dikembangkeun di Internet. Kumaha carana? Jigana bisa rereongan jika kieu: Ki Leuksa nyusun naskah carita dongeng, kira-kira durasina 5-menitan; teras postingkeun ka milis; Saterusna Teh Roro sina macakeun dongengna, sarta direkam, husus sorana wae tong make dipirig musik; teras simpen file mp3-na di goah publik; terus kang Irfan, atawa saha wae nu tukang multimedia moles file mp3 dipirig ku musik, rekam hasilna postingkeun ngaliwatan podcasting. Mangga, wilujeng ngabaladah Dongeng Sunda ngarambah Internet. nuhun mh

