Sampurasun..

Wilujeng tepang ka Ki Leuksa oge baraya sadaya, Nepangkeun abdi Geni alias Kebo 
Hideung alias Utas sami sareng Urang Tasik :)

Ngadangu bakal aya dongeng sunda di internet janten curinghak mode on yeuh, 
emutan janten ngabelesat ka tahun dalapan puluhan sampe tahun salapan puluhan, 
unggal jam satengah opat sore ngadepong dina radio pun nini ngadangukeun Sirod 
jalma Gaib, Si Rawing jeung rea-rea deui.

Sok ah Teh Roro tinggal prung.. upami tos aya MP3 na cikan alungkeun ka Mang 
Utas ( [email protected] ), urang puter di Radio Online 
http://sahabatcinta19.listen2myradio.com Insya Allah ka tungtung dunya oge 
katampina mencrang, komo juru dongengna Teh Roro, jigana urang Bule oge 
ngaronyok ngaregepkeun dongeng sunda Teh Roro.

Mangga Der... ah
salam

Mang Utas

--- In [email protected], Ki Leuksa Sunda <ki_leu...@...> wrote:
>
> 
> Haturan saderek nu aya di Garut Kaler!  Bagea, nuhun ditepangkeun, sanaos di 
> dunya "maya". Sugan we ka payun mah Kuncen Urang Sunda dioyagkeun manahna ku 
> Gusti Allah, kersa luntur manah ngabaladah kanggo ngayakeun panglawungan di 
> darat.
> Perkara dongeng anu diusulkeun ku saderek, insya Allah urang baladah deuih. 
> Ngan ari durasina lima menit mah samporet teuing, tapi urang cobian we ketang.
> Ka Neng Roro, ulah hangham, aya maksad ngadongeng mah prung we. 
> Kapungkur taun 80-an kungsi aya juru dongeng istri, jenenganana Bi Lani ti 
> Radio Kompas Sumedang. Sae, seueur nu resepeun
> Sakitu heula ah, Akina rek ngala suluh. Si Nini kukulutus wae, suluh besem 
> dipaksakeun, atuh haseup mani mulek...
> Cag....
>  
> 
> --- Pada Sel, 19/5/09, Roro Rohmah <roro.roh...@...> menulis:
> 
> 
> Dari: Roro Rohmah <roro.roh...@...>
> Topik: [Urang Sunda] Re:Dongeng Sunda di Internet?
> Kepada: [email protected]
> Tanggal: Selasa, 19 Mei, 2009, 4:02 AM
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> MH? Ih, naha nunjuk ka abdi? …  puguh sora abdi mah teu halimpu jiga Mang 
> Jaya (puguh da pameget heheh).
> Abdi mah sok hoyong wae gumujeng mana bebelepbepan deuih ari nyarios the 
> heheh… ke tapi InsyaAllah bade dicobian. Tawiskeun oge kanu sanes atuwh, 
> supados rame. Saha nu pangsaena, tah eta nu dicandak... :) 
>  
> ro2
>  
> >>> khs...@gmail. com 05/19/09 09:32AM >>>
> Haturan Ki Leuksa, wiulujeng tepang sareng sim uing,
> ti pasisian Garut Kaler.
> 
> Asa teu kabayang ti anggalna, bakal tepung sareng
> tukang dongeng, najan ukur di dunya maya.
> 
> Inget taun 80-an, ari ngabandungan dongeng teh,
> ngadon ngagimbung di pipireun imah tatangga.
> 
> Ki Leuksa, jigana hade, upama tradisi ngadongeng
> di radio tiasa dikembangkeun di Internet.
> 
> Kumaha carana? Jigana bisa rereongan jika kieu:
> Ki Leuksa nyusun naskah carita dongeng, kira-kira
> durasina 5-menitan; teras postingkeun ka milis;
> Saterusna Teh Roro sina macakeun dongengna,
> sarta direkam, husus sorana wae tong make dipirig
> musik; teras simpen file mp3-na di goah publik;
> terus kang Irfan, atawa saha wae nu tukang
> multimedia moles file mp3 dipirig ku musik, rekam
> hasilna postingkeun ngaliwatan podcasting.
> 
> Mangga, wilujeng ngabaladah Dongeng Sunda
> ngarambah Internet.
> 
> nuhun
> mh
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
>       Lebih bersih, Lebih baik, Lebih cepat - Yahoo! Mail: Kini tanpa iklan. 
> Rasakan bedanya! http://id.mail.yahoo.com
>


Kirim email ke