Haturan saderek nu aya di Garut Kaler! Bagea, nuhun ditepangkeun, sanaos di dunya "maya". Sugan we ka payun mah Kuncen Urang Sunda dioyagkeun manahna ku Gusti Allah, kersa luntur manah ngabaladah kanggo ngayakeun panglawungan di darat. Perkara dongeng anu diusulkeun ku saderek, insya Allah urang baladah deuih. Ngan ari durasina lima menit mah samporet teuing, tapi urang cobian we ketang. Ka Neng Roro, ulah hangham, aya maksad ngadongeng mah prung we. Kapungkur taun 80-an kungsi aya juru dongeng istri, jenenganana Bi Lani ti Radio Kompas Sumedang. Sae, seueur nu resepeun Sakitu heula ah, Akina rek ngala suluh. Si Nini kukulutus wae, suluh besem dipaksakeun, atuh haseup mani mulek... Cag....
--- Pada Sel, 19/5/09, Roro Rohmah <[email protected]> menulis: Dari: Roro Rohmah <[email protected]> Topik: [Urang Sunda] Re:Dongeng Sunda di Internet? Kepada: [email protected] Tanggal: Selasa, 19 Mei, 2009, 4:02 AM MH? Ih, naha nunjuk ka abdi? … puguh sora abdi mah teu halimpu jiga Mang Jaya (puguh da pameget heheh). Abdi mah sok hoyong wae gumujeng mana bebelepbepan deuih ari nyarios the heheh… ke tapi InsyaAllah bade dicobian. Tawiskeun oge kanu sanes atuwh, supados rame. Saha nu pangsaena, tah eta nu dicandak... :) ro2 >>> khs...@gmail. com 05/19/09 09:32AM >>> Haturan Ki Leuksa, wiulujeng tepang sareng sim uing, ti pasisian Garut Kaler. Asa teu kabayang ti anggalna, bakal tepung sareng tukang dongeng, najan ukur di dunya maya. Inget taun 80-an, ari ngabandungan dongeng teh, ngadon ngagimbung di pipireun imah tatangga. Ki Leuksa, jigana hade, upama tradisi ngadongeng di radio tiasa dikembangkeun di Internet. Kumaha carana? Jigana bisa rereongan jika kieu: Ki Leuksa nyusun naskah carita dongeng, kira-kira durasina 5-menitan; teras postingkeun ka milis; Saterusna Teh Roro sina macakeun dongengna, sarta direkam, husus sorana wae tong make dipirig musik; teras simpen file mp3-na di goah publik; terus kang Irfan, atawa saha wae nu tukang multimedia moles file mp3 dipirig ku musik, rekam hasilna postingkeun ngaliwatan podcasting. Mangga, wilujeng ngabaladah Dongeng Sunda ngarambah Internet. nuhun mh Lebih bersih, Lebih baik, Lebih cepat - Yahoo! Mail: Kini tanpa iklan. Rasakan bedanya! http://id.mail.yahoo.com

