Halah ditagih ku si Ua euy! Hehehe.
Tamada heula wa nya.
(mh)

2009/5/24 MSasmita <[email protected]>:
> 
>
> Kuring teh leungiteun ku Pa Adung, tukang sekoteng nu sok ngaliwat ka
> hareupeun imah, biasana ngaliwatna teh antara tabuh satengah dalapan atawa
> pangpeutingna satengah salapan. Diitung-itung aya kana lima bulanna teu
> kadenge sorana nakolan mangkok beling ku sendok bari sakapeung ku nyoara
> teeengg...!! cenah. Karasa ngeunahna nyuruput sekoteng komo dina usum hujan,
> asana meuli panungtungan teh basa bulan Januari awal taun ieu. Inget soteh
> eta we pedah budak tatangga niup tarompet taun baru, kuring rada reuwas da
> ampir sendok ge ngacleng (ma'lum imah kopel tea, jeung tatangga teh ukur
> kapindingan ku tembok, jadi ting gerendengna tatangga hareupeun imah sok
> kadenge lamun sarua keur ngalangeu dihareup).
> Harita teh keur hujan ngarinrincik, Pa Adung ngaliwat, diimah aya tamu,
> barudak ti UPI, biasa nu neangan buku Sunda. Ngawangkong teh bari
> ngararasakeun tiris, ambih teu tiris nya disuguhan sekoteng (sabenerna mah
> lain nyuguhan-nyuguhan teuing da kuring ge hayang). Aya budak UPI nu nanya
> ka Pa Adung, geus sabaraha lila dagang sekoteng, dijawab ku Pa Adung cenah
> geus meh tilu puluh taun. Jualan sekoteng ti keur lalagasan keneh, ayeuna
> geus boga incu dua. Cenah mimitina mah dagang teh ditanggung, kakara taun
> salapan puluh lima ganti kana roda, geus teu kuat ditanggung mah, sanajan
> langganan mah loba keneh waktu ditanggung da babari asup ka gang leutik.
> Ngan luhlah minyak tanah mahal, nyabit nyabit kana kompor gas nu can
> kabeuli.
> Teu kapapanjangan ngawangkong teh, da Pa Adung kaburu ngaleos muru tatangga
> hareupeun imah nu nyalukan.
> Tina kajadian ieu aya sababaraha catetan :
> 1. Pa Adung teh usahawan nu sukses ngokolakeun usahana meh tilu puluh taun,
> bisa ajeg tur mere kahirupan ka kulawargana.
> 2. Pa Adung satia kana profesina.
> 3. Pa Adung teu ningkat usahana, alesanana teu aya modal (teu aya akses ka
> perbangkan), teu aya kaweruh kana ekonomi (pelatihan ekonomi rakyat) jste,
> atanapi ieu teh lir ibarat carita carita parabel modernitas nu mere tangara
> robahna hiji tatanan sosial ku ayana intervensi teknologi (tina kompor
> minyak tanah kana kompor gas).
>
> Ka baraya sadayana utamina nu beunta kana elmu ekonomi mugi kersa ngadamel
> artikel dina basa Sunda kanggo muatkeuneun dina Majalah basa Sunda
> Cupumanik, panjang artikel kinten-kinten antawis 5000-6000 karakter sareng
> spasi.
> Artikel nu sanesna ge mangga, bade hal politik ( seueur nu nyebatkeun ti
> kapungkur keneh yen Urang Sunda teh kirang nu manggung di tingkat nasional,
> aya nu togmol nyebatkeun tong ambek tong kuciwa atuh ari ngarasa teu
> ngaderkeun mah jste), bade hal kabudayaan, bade hal kaweruh sapertos
> teknologi nano jste.
> Artikel teh diantos salami sasih Juni 2009, mung wayahna we upami dimuat
> honorna mung saese he he.
>
> Baraya, nu sok ngadamel artikel dina basa Sunda teh sok ti GE ( Grup Eken),
> eta keneh eta keneh, manawi we ku carana kieu mah tambih lega. Hatur nuhun,
> diantos artikelna kintun we japri ka email sim kuring. Bilih aya nu teu acan
> apal Majalah Basa Sunda Cupumanik teh medal sasasih sakali, janten karaosna
> sok lami.
>
> MSas.
> MH sareng kang Kumi mana artikelna....he he... ulah dihihilapkeun atuh...!!
>
>
>
> 

Kirim email ke