Ieu mah lain masalah Egaliter jeun Feodal bah, tapi masalah sikep si Cepot.  Sabab manehna nyebut yen jadi anggota DPR teh ngan ukur sambilan. kapanan teu mikir. emangna nasib rahayat teh 'sampingan'? Mikir atuh saeutik !

Rek si Cepot rek Tukang ngarit, ari manehna tanggung jawab jeung becus mah ngurus rahayat, pek teh teuing rek jadi ALEG oge, samalah nepi ka jadi Raja na pisan baeu. Ngan omat, rahayat kudu jadi tujuan utama.

Ari aleg nu ieu, bisa naon keur rahayat, coba kuring nanya?

waluya2006 wrote:

Urang Indonesia, khususna urang Sunda jeung urang Jawa tadina masyarakat PEODAL, tangtu we jadi REUWAS waktu jaman robah, aya si Cepot plus "dulur-dulur"na jadi gegeden. Si Cepot, Dewala jeung Gareng keur masyarakat peodal kudu tetep fungsina: tukang ngahibur jeung tukang diseungseurikeun. Ari ieu bet lahuta, make hayang jadi anggota DPR sagala.

Sikep egaliter teh gampang diomongkeun tapi hese lamun pas kudu dipraktekeun .....heuheuheu

Baktos,
WALUYA



--

Kirim email ke