Aeh heueuh nya, sigana paribasa basa inggris anu hartina "Jangan menghakimi bungkus buku" teh aya benerna. he..he..he...

heueuh urang tingali we ku sarerea, eta pelawak teh bisa naon cenah dina DPR.
Yang terjadi, terjadilah ....


waluya2006 wrote:

> irpan rispandi <mr.rispandi@...>
> Ari aleg nu ieu, bisa naon keur rahayat, coba kuring nanya?

Hehehehe .... dilantik oge acan Kang Irpan, kumaha rek nganileyna. Nu kaduana si Eko Patrio teh lain wakil ti Dapil-dapil di Jawa Barat, tapi lamun teu salah mah ti salah sahiji dapil ti provinsi Jawa Timur.

Perkara pagawaean sambilan? Tah didieu teu adilna alias teu egaliterna naha si Eko wungkul nu dimasalahkeun, padahal aya oge anggota DPR nu boga pagawean sambilan, contona pangusaha atawa paling henteu jadi dewan komisaris pausahaan jeung pemilik saham jrrd.

Ieu mah ceuk kuring, urang kudu ngabiasakeun kana hal-hal nu dianggap "aneh" ieu sabab jaman geus robah. Eko Patrio hayang jadi caleg, eta hakna. Kitu deui nu milihna, eta oge hakna. Mana dipilih oge meureun nu milihna yakin si Eko pibenereun. Kunaon urang ngamasalahkeun nganggap si Eko "males" padahal acan prak digawe jeung kunaon urang nganggap "bodo" kanu milihna?

Baktosna,
WALUYA



--

Kirim email ke