di tiap gerbang kaluar penumpang ge, aya primajasa mah.
boh di terminal domestik, kitu deui internasional.
enya gancang, gancangna mah make primajasa teh,
ngan teu bisa nyimpang mun hayang barang dahar,
kapaksa we mesen pop-mie ka kenek.
mun sabondoroyot mah mending nyewa samobil,
ngarah nyalse. barang ka luar gerbang ge loba agen
nu nawaran, aya cipaganti jeung nu sejenna.
(mh)

2009/5/27 mj <[email protected]>:
>
>
> CGK-BDG, sae nganggo Primajasa. primajasa di CGK na he love caket terminal
> mana nya. tilu kitu. ari di bandungna mah,  di Bandung supermal, BSM, jalan
> gatsu tea.
>
> tiket CGK-BDG primajasa, asana 60rebu.
>
>
>
> ----- Original Message -----
> From: Asep Deden
> To: [email protected] ; [email protected]
> Sent: Wednesday, May 27, 2009 7:40 AM
> Subject: [Urang Sunda] tumaros: transportasi Cengkareng-Bandung
>
> Bismillah..........
> Assalamu'alaikum.
>
> Baraya sadayana, manawi aya nu uninga transportasi ti bandara Soekarno Hatta
> ka Bandung. Boh Primajasa atanapi Tavel. Sakantenan taripna.
> Pangpangna mah nu caket ti Terminal 3. Maklum bade mulang ka lembur (pulkam
> tea) sabondoroyot. Supados teu seueur tataros di bandarana engke.
> Hatur nuhun sateuacanna.
>
> Wassalamu'alaikum
>
> Asep Deden
>
>
> 

Kirim email ke