Xtrans mah cocog kanggo nu turun di Bandung kaler, da pollna di Cihampelas tapi 
upami di Bandung Kidul mah aya saena ngangge Primajasa tarip upami teu lepat 
mah Rp. 75.000 tapi upami bagasina seueur kedah mayar deui dikilo. Xtrans 
sareng Primajasa teu liren, langsung Bandung ...siap-siap we lapar di jalan.

Umpami hoyong langsung ka bumi, naek Cipaganti taripna ...wah hilap deui, 
ancer-ancer antara 100.000 - 150.000. Cipaganti aya dua macem, nu poll ka poll 
sareng aya oge nu dianteurkeun ka tujuan. Cipaganti liren istirahat heula di 
rest area tol cikampek.

Carter? Ieu langganan kuring, SAPTAJI, mobilna panther taripna Rp. 475.000 
langsung ka tujuan di Bandung. Carana mesen, tlp we ka nomer ieu : 022-4202260 
waktos di Bandara keberangkatan atawa sadinten sateuacan angkat. Pasihan 
informasi ka petugas nu nampi telepon: Nganggo pesawat naon ( No. penerbangan), 
jamna dugi di Cengkareng sareng di terminal mana. Engke di Cengkareng dijemput 
ku supirna, nu ngacung-ngacung karton ditulisan nami urang .....

Wilujeng mulang ka lembur ....

Baktos,
WALUYA


Kirim email ke