Cenah mah basa salah saurang Walanda datang ti Batavia,  Julian de Silva, tahun 
1641, ngulampreng ka Bandung (ulah dibayangkeun Bandung ayeuna) -numutkeun buku 
Harjoto Kunto dina bukuna Wajah Bandoeng Tempo Doeloe tea- wewengkon Bandung 
ayeuna, karek dieusi 25-30 imah. Nya pastina mangrupa kampung. 

Ibu kota kabupatén Bandung harita di Karapyak, nya nu ayeuna cek barudak mah 
disebut Old Town alias Dayeuh Kolot téa. tapi naha nya, ngaran kabupaten mah 
geus kabupaten bandung, beulah wetana, kabupaten Parakanmuncang. ayeuna mah 
asana parakanmuncang ngan ngaran kalurahan daerah ujung berung atawa rancaekek 
kitu. kabupaten di wetan nya sumedang. 

bandung baheula, siga kamari, dibagi dua sacara administrasi. pamarentahan 
kota, walikotana bule, ngurus kota bandung nu wargana loba bule londo. kantorna 
di gedong papak atawa nu ayeuna balaikota bdg. sedeng kabupaten, bupati nu 
turunan tea, sigana ngurus pribumi di luar kota madya. kantorna di kiduleun 
alun-alun, nu ayeuna imah dines walikota bdg. kabupaten ayeuna di pindahkeun ka 
soreang.

bandung jeung sumedang kolot keneh sumedang dina umur. sabab apan sumedang mah 
ti sumedang larang, ngaran karajaan sunda pamungkas. geus aya ti baheulana. ari 
bandung mah sasatna dimekarkeun, ku walanda, nya ku bupati bandung harita oge, 
RA Martanegara mun teu salah, nu mindahkeun ibukota kabupaten bandung ka 
wewengkon nu ayeuna disebut alun-alun bandung. sisi jalan raya pos, proyek 
Dandels tea. Daendels sorangan lain wakil belanda, sabab harita negeri belanda 
keur aya dina kakuasaan perancis. daendels teh uturan Louis Napoleon pikeun 
ngurus wilayah jajahan belanda di asia.

carita soal kota bandung, nu bisa disebut diwangun ku walanda,  sarimbag jeung 
nasib basa Sunda oge. nu cek Mikihiro dina bukuna Semangat Baru, jst tea, basa 
Sunda jaman baheula ngan dipake ku US nu dumuk di gunung-gunung TS. cenah 
disebutna oge basa gunung. harita di kota menak make basa jawa pangaruh mataram 
tea. ukuran kota atawa dayeuh harita, sigana ibukota kabupaten. tatakotana, nya 
alun-alun salaku puseur, kiduleunana kantor bupati, kulon masigit. basa sunda 
dibawa ka kota ku walanda. duka pikeun implementasi devide et impera, cara 
noong kaum nasionalis beh dieu, atawa memang si walanda harita ngahargaan 
budaya lokal.

kota bandung nu ayeuna, harita masih keneh leuweung sigana. da wewengkon rumah 
sakit hasan sadikin oge apan ngaran aslina mah rancabadak. hartina di dinya 
baheulana aya swimming pool husus badak.

kota atawa dayeuh pilemburan nu kaitung kolot, cianjur bisa kasebut. da saacan 
dipindahkeun ka bandung, cenah ibukota Priangan teh di Cianjur. Kawali, nu 
cenah pernah jadi ibukota karajaan Galuh, beda jeung sumedang. Sumedang mah 
terus mekar, jadi kabupaten nepi ka ayeuna. ari kawali mah henteu, ngan ukur 
kacamatan. malah ibukota kabupaten pindah ka desa ciamis, nu ayeuna dijadikeun 
ngaran kabupaten. cek cenah ieu mah pangaruh kakawasaan mataram. amis cek basa 
jawa oge jadi basa indonesia, mah hanyir. ari amis di urang mah manis sweet.

Kirim email ke