mung saukur koreksi...numutkeun kolot kapungkur mah ranca badak teh tina kata 
"Ranca Badag".(ranca gede)
sanes badak,  duka kumaha jadi ranca badak ayeuna....(PR terbitan katukang )




________________________________
Dari: mj <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Rabu, 27 Mei, 2009 12:10:23
Topik: [Urang Sunda] bandung jeung sajabana





 
 
Cenah mah basa salah saurang Walanda datang ti Batavia,  Julian de Silva, tahun 
1641, ngulampreng 
ka Bandung (ulah dibayangkeun Bandung ayeuna) -numutkeun buku Harjoto Kunto 
dina bukuna Wajah Bandoeng Tempo 
Doeloe tea- wewengkon Bandung ayeuna, karek dieusi 25-30 imah. Nya pastina 
mangrupa kampung. 
 
Ibu kota kabupatén Bandung 
harita di Karapyak, nya nu ayeuna cek barudak mah disebut Old Town alias Dayeuh 
Kolot téa. tapi naha 
nya, ngaran kabupaten mah geus kabupaten bandung, beulah wetana, kabupaten 
Parakanmuncang. ayeuna mah asana parakanmuncang ngan ngaran kalurahan daerah 
ujung berung atawa rancaekek kitu. kabupaten di wetan nya sumedang. 
 
bandung baheula, siga kamari, 
dibagi dua sacara administrasi. pamarentahan kota, walikotana bule, ngurus kota 
bandung nu wargana loba bule londo. kantorna di gedong papak atawa nu ayeuna 
balaikota bdg. sedeng kabupaten, bupati nu turunan tea, sigana ngurus pribumi 
di 
luar kota madya. kantorna di kiduleun alun-alun, nu ayeuna imah dines walikota 
bdg. kabupaten ayeuna di pindahkeun ka soreang.
 
bandung jeung sumedang kolot keneh 
sumedang dina umur. sabab apan sumedang mah ti sumedang larang, ngaran karajaan 
sunda pamungkas. geus aya ti baheulana. ari bandung mah sasatna dimekarkeun, ku 
walanda, nya ku bupati bandung harita oge, RA Martanegara mun teu salah, nu 
mindahkeun ibukota kabupaten bandung ka wewengkon nu ayeuna disebut alun-alun 
bandung. sisi jalan raya pos, proyek Dandels tea. Daendels sorangan lain wakil 
belanda, sabab harita negeri belanda keur aya dina kakuasaan perancis. daendels 
teh uturan Louis Napoleon pikeun ngurus wilayah jajahan belanda di 
asia.
 
carita soal kota bandung, nu bisa disebut diwangun ku walanda,  
sarimbag jeung nasib basa Sunda oge. nu cek Mikihiro dina bukuna Semangat Baru, 
jst tea, basa Sunda jaman baheula ngan dipake ku US nu dumuk di gunung-gunung 
TS. cenah disebutna oge basa gunung. harita di kota menak make basa jawa 
pangaruh mataram tea. ukuran kota atawa dayeuh harita, sigana ibukota 
kabupaten. 
tatakotana, nya alun-alun salaku puseur, kiduleunana kantor bupati, kulon 
masigit. basa sunda dibawa ka kota ku walanda. duka pikeun implementasi 
devide et impera, cara noong kaum nasionalis beh dieu, atawa memang si walanda 
harita ngahargaan budaya lokal.
 
kota bandung nu ayeuna, harita masih keneh leuweung sigana. da wewengkon 
rumah sakit hasan sadikin oge apan ngaran aslina mah rancabadak. hartina di 
dinya baheulana aya swimming pool husus badak.
 
kota atawa dayeuh pilemburan nu kaitung kolot, cianjur bisa kasebut. da 
saacan dipindahkeun ka bandung, cenah ibukota Priangan teh di Cianjur. Kawali, 
nu cenah pernah jadi ibukota karajaan Galuh, beda jeung sumedang. Sumedang mah 
terus mekar, jadi kabupaten nepi ka ayeuna. ari kawali mah henteu, ngan ukur 
kacamatan. malah ibukota kabupaten pindah ka desa ciamis, nu ayeuna dijadikeun 
ngaran kabupaten. cek cenah ieu mah pangaruh kakawasaan mataram. amis cek basa 
jawa oge jadi basa indonesia, mah hanyir. ari amis di urang mah manis 
sweet.
   


      Akses email lebih cepat. Yahoo! menyarankan Anda meng-upgrade browser ke 
Internet Explorer 8 baru yang dioptimalkan untuk Yahoo! Dapatkan di sini! 
http://downloads.yahoo.com/id/internetexplorer

Kirim email ke