Muhun Bah Iwa, sanaos TST alias Tahu sama Tempe, tapi saleresnamah sanes Kang 
Kumiw wungkul, seueur baraya nu sok nganggo "sahingga" alesanana panginten 
kapangaruhan tea. Ieu mah, bilih kamalinaan, ke basa Sundana lami-lami mah 
ical. Teu aya lepatna pan pami urang silih ngemutkeun & lereskeun?

Pami warung Ampera mah yakin ayana di Sumedang kota nya Bah? Jaba sisi jalan, 
pasti seueur nu sindang sanes urang  Sunda, biasa eta mah*
Hiji conto, sasih kamari abdi nganjang ka pun bibi di Wado. Kaleresan ngawengi, 
da anjeunna teu damang bade dioperasi di RSUD Sumedang. Didinya aya rencangna 
nu sok ngaladenan anjeuna, harita teh ngawengi sareng putrana. Panginten 
ningali seueur tamu urang kota, anjeunna ujug-ujug nganggo basa Malayu ka 
putrana nu nunutur wae anjeuna."Diem! Duduk disituh ajah! Nongton tipi yah! 
Emak mau masak dulu!"
Abdi kuat ka meuleungeuk, euleuh*euleuh* ieu urang lembur jadi babatawian kieu?

Langsung we nyarios ka pun bibi nu yuswana pakokolot supa sareng abdi & tos 
dianggap raka,"Bi, ngenta sangu* lapar, aya deungeuna teu?" 
ganti rencang si Bibi nu meuleungeuk bari teu ngiceup deuih...

ro2

>>> [email protected] 05/29/09 07:59AM >>>

Nya cindekna na mah nyerep sorangan..pan memang leres para dai oge nyarios 
Sinda tapisok ka pangaruh Basa Indo..kulantaran pargaulan sadidinten Basa 
Indonesia....Di warung Ampera di Sumedang.naroskeun "sabaraha goreng hayam ieu 
?" Jawabna ;" Oh it enam ribu rupiah "...kumaha tah........

Kirim email ke