Sampurasun, No 5 sareng no 6, mangga Mang sami bae hartosna mah, mung kecapna panginten langkung pas numutkeun usulan MH, mung palebah no.8 sareng no 9, saliwat mah memang rada pacorok. Kungsi kami ge nanya ka kolot, naha henteu otak jeung pikirna - hate jeung elingna. Yah jawaban kolot harita cenah.."ieu ungkapan teh perkara spiritual, jadi kudu apik ngilona (maca ku rasa)". Kateranganana yen nu dimaksud otak jeung elinganna (sanes elingna), nyaeta ingetanna nu memang direkam di otak, sedengkeun otak jeung pikirna, nu dimaksud pikirna hate, geuning nu sok nimbang-nimbang rasa lumpatna teh kana hate, aya geuning di kecap sunda nu sok nyebutkeun " Ah si Kabayan mah aya pikir kadua leutik ka si Iteung teh" nu maksudna aya hate bogoh. Kitu katerangan kolot, tapi nya mangga nyanggakeun, memang rada samr palebah dieu mah.
Soal Rebab, Tah pami rebab kieu atuh MH macana : Rebab mah senarna mung dua, tah bentuk dasar rebab jiga tanda tambah (+), jadi ngalambangkeun 4 arah mata angin (kaler-kidul-kulon-wetan), nya lumpat kana 4 unsur alam (seuneu-cai-angin-bumi) deui, Senar rebab aya dua, nu ngalambangkeun "raga salira" (waruga/badan jasmani) nu asal ti acining seuneu-angin-cai-bumi, jeung "raga purasa" (badan rohani/waraga?) nu asal tina sari-rasa alam (saperti :haneut, tiis, hiliwir, tetep) jeung sari-rasa dunya (amis, asin, lada, pait, peuheur jsb), nu dina pangartian spiritual ngabentuk wujud nu mungkus diri, ngan teu katingali, luyu jeung sipat sari-rasa alam jeung sari-rasa dunya nu aya tapi teu katingali, conto nu kumaha wujudna ari amis....pan teu katingal tapi aya. Tah nu belenongna atawa beuteung rebab dijieunna tina jeroan (babat) munding atawa sapi (bagian nu jiga andukna dibagean jero). Tah ieu nyimbulkeun harti rebab ge ngandung guaran jero (spiritual), eta beuteng rebab ngalambangkeun "raga batara" (ingsun). Tah eta raga salira, raga purasa, raga batara bisa gumulung atawa babarengan hirup (ngageter = nyoara) ngalakonan tugas hirupna, lamun aya gesekan (input) ti bulu-bulu (panggesek rebab). Bulu-bulu ieu ngalambangkeun benang-benang sarap nu murba dina sakujur diri. Tah kitu Mang, sakaterang kami mah, mugia bae aya guna nun. cag. pun tabe Engkus. --- Pada Rab, 27/5/09, mh <[email protected]> menulis: Dari: mh <[email protected]> Topik: Re: Bls: [kisunda] KACAPI - Kacapi Indung Kepada: [email protected] Tanggal: Rabu, 27 Mei, 2009, 7:40 PM 2009/5/27 engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com>: > > > Kaarifan lokal hiji bangsa diwengku ku kaayaan alam lingkunganna, nu > prosesna ratusan, mungkin rebuan tahun, nu ngalahirkeun papandang hirup nu > diwujudkeun dina tata-titi kahirupan. Alam lingkungan nu keras, ngalahirkeun > budaya keras, daya juangna kuat, jiwa perangna kabina, sipatna > "individual" , prinsip eleh meunang,saha nu kuat eta nu mingpin nu > ngabuahkeun papandang hirup kakuatan jadi ukuran nilai kadudukan, nya awewe > nu sacara lahiriah leuwih lemah bakal kasisikeun jeung bakal boga kadudukan > dihandap. sabalikna lingkungan alam nu ramah tur subur makmur loh jinawi, > bakal ngalahirkeun budaya nu ramah, kakulawargaan/ kebersamaan, boga daya > juang lemah tapi kuat budaya bersyukur (rumasa-tumarima) , jiwa senina > kabina, kaendahan jeung cinta-kasih jadi ukuran nilai hirup, nu ahirna > nempatkeun kadudukan awewe leuwih luhur tinimbang lalaki. > > Tah bumi parahyangan nu dikersakeun mibanda kaendahan jeung kasuburan, geus > ngadidik pangeusina eta wewengkon, nu ahirna mibanda kaarifan yen indung > leuwih dipupusti. Tah kaarifan ieu liwat seni disimbulkeun yen Indung nu > kudu dipunjung, jeung disimbulkeun leuwih gede wujudna Ku alatan ieu > kacapi nu fungsina ngaping ngabimbing jalanna pantun, tembang/kawih > dingaranan "kacapi indung" jeung dibentuk di sisi-sisina mangrupa gelung, > nya disebut oge "kacapi gelung". Alat gamelan/tatabeuhan lianna nu > nyimbulkeun kahormatan keur indung contona : kendang indung, goong indung. > Diluar alat seni, nya geus pada apal : indung leungeun, indung suku, indung > poe. > > Kacapi indung sok disebut oge kacapi parahu. ieu oge ngandung siloka nu teu > kurang luhungna. Simbul parahu nu mirig laku (pantun/kawih/ tembang) > nyilokakeun, yen ngalalakon di dunya teh (mawa diri) lir ibarat ngokolakeun > parahu, nu pinuh ku gelombang, tantangan/harungan kahirupan. Kurang ati-ati > bisa tikelebuh atawa kabawa ombak oge kabawa angin, jadi kudu jembar > jeung waspada dina lalayaran kahirupan. > > Alat nu jadi bekel pikeun ngarungan gelombang kahirupan, nyaeta 18 senar, nu > ngandung harti : > > nyimbulkeun aksara Cacarakan (teu make "dha" jeung "tha"). > 18 parabot ti Gusti pikeun bekel ngajalankeun kahirupan, nyaeta 9 sifat > lahir (wujud), jeung 9 sipat batin (gaib), nyaeta: > > 1. panon (lahirna) jeung awas (batinna) > 2. ceuli jeung danguna > 3. irung jeung angseuna > 4. sungut jeung ucapna > 5. leungeun jeung obahna > 6. suku jeung langkahna > 7. sarap jeung rasana > 8. otak jeung elinganna > 9. hate jeung pikirna > kumaha upama nu 5 jeung 6 jiga kieu: 5. leungeun jeung ragapna 6. suku jeung lengkahna sanajan antara ragap jeung lengkah mah sarua, bisa diringes jadi obah. beda jeung pancadria nu memang unik fungsina masing-masing. tah nu 8 jeung salapan mah jiga pacorok, meureun kieu: 8. otak jeung pikirna 9. hate jeung elingna ngan ku uing kabayang, kumaha ripuhna upama pola interpretasi jiga kieu dipake pikeun ngahartian rebab, mangkaning talina jiga buuk riab. anggota badan naon deui nu bisa dipasangkeun jeung tiap tali rebab. nuhun mh > > Kitu nun pamahaman kami mah, > > pun tabe nun. Rampes. > > > > Engkus > > --- Pada Sab, 23/5/09, mh <khs...@gmail. com> menulis: > > Dari: mh <khs...@gmail. com> > Topik: [kisunda] KACAPI - Kacapi Indung > Kepada: "Ki Sunda" <kisu...@yahoogroups .com>, "Baraya Sunda" > <baraya_sunda@ yahoogroups. com>, "Urang Sunda" .<urangsu...@yahoogro ups.com> > Tanggal: Sabtu, 23 Mei, 2009, 9:27 AM > > "Kacapi Indung", Simbol Sunda Lama > > Hingga saat ini, belum ada yang mencoba menggali nilai-nilai yang > tersembunyi di balik kacapi indung, baik dari segi wujud dan bentuk > kacapi indung itu sendiri maupun dari segi simbol-simbol yang terkait > dengan peranan musikalitasnya. > > Pada umumnya, kacapi indung hanya dikenal sebagai alat musik yang > berfungsi untuk mengiringi vokal tembang sunda cianjuran. Padahal, > dari bentuk dan wujudnya saja ada hal yang patut dipertanyakan. > Mengapa wujud dan bentuk kacapi indung berbeda dari kacapi siter. > Kemudian mengapa kacapi indung umumnya berwarna hitam, dan mengapa > pula disebut kacapi indung. Pada awalnya, kacapi indung yang juga > biasa disebut sebagai kacapi parahu, kacapi gelung, atau kacapi > pantun, digunakan pada penyajian pantun untuk mengiringi lagu-lagu > yang dibawakan oleh juru pantun. Namun, karena tembang sunda cianjuran > itu sendiri diduga berasal dari pantun maka kacapi pantun (yang > sekarang ini lebih dikenal dengan sebutan kacapi indung) digunakan > sebagai salah satu instrumen untuk mengiringi lagu-lagu tembang sunda > cianjuran. > > Dalam penyajian tembang sunda cianjuran, kacapi indung memiliki > peranan yang sangat dominan. Kacapi indung berperan sebagai pemberi > rasa laras terhadap penembang (melalui tabuhan narangtang); berperan > sebagai pemberi aba-aba terhadap penembang; berperan sebagai penuntun > lagu; dan berperan juga sebagai pembawa irama lagu (melalui lagu-lagu > panambih). > > Lahirnya istilah kacapi indung diperkirakan setelah kecapi ini > digunakan dalam konteks tembang sunda cianjuran. Ketika kecapi ini > digunakan dalam pantun, tidak dikenal istilah kacapi indung, dan > masyarakat Sunda menyebutnya dengan istilah kacapi pantun atau kacapi > parahu. Berubahnya nama jenis kecapi ini --yang semula bernama kacapi > pantun atau kacapi parahu kemudian menjadi kacapi indung-- sangat > terkait dengan peranan dari kecapi itu sendiri yang seolah berperan > sebagai ibu. > > Dalam konteks kehidupan masyarakat Sunda, peranan seorang ibu sangat > besar, di antaranya sebagai pengatur ekonomi rumah tangga, pembimbing > anak-anak, dan pendamping/pendoron g bagi kemajuan suaminya. Oleh > karena itu, dalam konsep pemikiran orang Sunda, kedudukan seorang ibu > sangat dihormati, dan karena kedudukannya ini maka perempuan > dimitoskan sebagai "penguasa" seperti tampak pada mitos Dewi Sri dan > Sunan Ambu. > > Masyarakat Sunda lama (pramodern) yang mata pencahariannya berladang > memiliki pola berpikir dualisme secara paradoks. Dari pola berpikir > dualisme yang paradoks ini melahirkan konsep berpikir pola tiga yang > dapat dibuktikan melalui artefak-artefak budaya Sunda, seperti tampak > pada bentuk kujang, bangunan rumah, letak sungai, dan sebagainya. > Melihat fenomena seperti ini, penulis merasa tertarik untuk mencoba > melihat apakah kacapi indung khususnya, dan tembang sunda cianjuran > umumnya, juga dapat mencerminkan pola tiga? > > Silogisme > > Sebagaimana telah disampaikan di muka bahwa kacapi indung (dulu > disebut kacapi pantun atau kacapi parahu) adalah produk budaya lama > yang pada awalnya digunakan dalam pantun Sunda. Pantun Sunda dapat > diperkirakan sudah lahir sebelum abad ke-15 M. Dalam naskah kuno > Sanghiyang Siksa Kandang Karesian (1518) yang dikutip oleh Nia Dewi > Mayakania, istilah pantun sudah disebutkan, yaitu dengan ungkapan > sebagai berikut: "hayang nyaho di pantun ma: Langgalarang, > Banyakcatra, Siliwangi, Haturwangi: prepantun tanya" (bila ingin > mengetahui pantun: Langgalarang, Banyakcatra, Siliwangi, Haturwangi: > tanyalah juru pantun) (Mayakania, 1993: 62). Dapat diduga jenis > kesenian ini sudah ada sebelum abad ke-15 Masehi. > > Oleh karena pantun Sunda sudah lahir sejak sebeum abad ke-15 Masehi, > maka kacapi parahu termasuk produk budaya Sunda lama yang kelahirannya > tidak jauh berbeda dari pantun. Pada masa sekitar abad ke-15, > masyarakat Sunda hidup dengan cara berladang. Masyarakat ladang hidup > dengan menanam, memelihara, dan mengembangkan padi dan tanaman > lainnya. Menurut Jakob Sumardjo, obsesi masyarakat ladang yaitu > "menghidupkan" . > > Bagaimana kehidupan dapat terus dipelihara? Mereka berusaha > mengawinkan pasangan kembar oposisi yang saling bertentangan, tapi > saling melengkapi. Dari perkawinan, kehidupan yang baru bisa muncul. > Tanaman padi dapat terus hidup kalau ada "perkawinan" antara langit > dan bumi. Langit mencurahkan hujannya kepada tanah yang kering. Basah > itu asas perempuan dan kering asas lelaki. Perkawinan antarkeduanya > akan menciptakan entitas ketiga, yakni kehidupan di muka bumi. Langit > di atas, bumi di bawah, dan kehidupan muncul di tengah-tengah langit > dan bumi. Ketiga dunia ini merupakan satu kesatuan yang membuat > kehidupan ini tetap ada (Sumardjo, 2006: 72). > > Dasar kepercayaan kosmologi manusia peladang ini menjadi landasan cara > berpikirnya untuk semua hal, yakni pola tiga. Untuk lebih jelasnya, > lihat kutipan berikut ini menurut hasil penelitian Jakob Sumardjo. > > Pola tiga bertolak dari kepercayaan dualisme antagonistik segala hal. > Misalnya, langit di atas, bumi di bawah; langit basah, bumi kering; > langit perempuan, bumi laki-laki; langit terang, bumi gelap. Keduanya > terpisah dan berjarak. Pemisahan itu tidak baik karena akan > mendatangkan kematian. Pemisahan segala hal yang dualistik > antagonistik harus diakhiri, yakni dengan mengawinkan keduanya. Hidup > itu dimungkinkan karena adanya harmoni. Syarat hidup adalah adanya > harmoni dari dua entitas yang saling bertentangan tetapi saling > melengkapi (Sumardjo, 2006: 73). > > Untuk memperjelas fokus tulisan ini, maka perlu dibangun silogisme > sebagai berikut. > > Premis 1: Masyarakat ladang adalah masyarakat pramodern yang memiliki > dasar pemikiran kosmologis pola tiga. > > Premis 2: Kacapi pantun atau kacapi indung adalah produk budaya dari > masyarakat ladang. > > Simpulan: Kacapi pantun atau kacapi indung mengandung dasar pemikiran pola > tiga. > > Berdasarkan silogisme di atas, maka apakah "pola tiga" sebagai dasar > pemikiran masyarakat Sunda pramodern masih tercermin dalam wujud > kacapi indung, atau tidak ada. > > Pandangan mitologi > > Kacapi indung adalah jenis alat musik berdawai (chordophone) berbentuk > bar zither yang digunakan untuk mengiringi vokal tembang sunda > cianjuran. Kacapi indung memiliki delapan belas utas dawai. Pada > bagian ujung sebelah kanan dan kiri kacapi indung terdapat bentuk > setengah lingkaran yang menyerupai sanggul (gelung). Pada bagian bawah > kacapi indung terdapat lubang resonator yang berfungsi sebagai > pengeras bunyi. Di samping itu, lubang resonator juga berfungsi > sebagai jalan masuk untuk mengikatkan dawai ke bagian ujung pureut. > Sementara di tengah-tengah bagian depan kacapi indung terdapat delapan > belas pureut untuk menyetem nada dengan cara memutarkan pureut > tersebut ke arah kanan atau kiri. Berdasarkan seluruh uraian di atas > maka dapat dinyatakan bahwa silogisme sebagaimana yang telah > disampaikan sebelumnya dapat dibuktikan kebenarannya. Dengan demikian, > kacapi pantun atau kacapi indung sebagai produk budaya masyarakat > ladang yang mencerminkan pola tiga dapat terbukti kebenarannya. (Heri > Herdini, Jurusan Karawitan STSI Bandung)*** > > cite: http://www.pikiran- rakyat.com/ prprint.php? mib=beritadetail > &id=76604 > > ____________ _________ _________ __ > Akses email lebih cepat. > Yahoo! menyarankan Anda meng-upgrade browser ke Internet Explorer 8 baru > yang dioptimalkan untuk Yahoo! Dapatkan di sini! (Gratis) > Lebih bersih, Lebih baik, Lebih cepat - Yahoo! Mail: Kini tanpa iklan. Rasakan bedanya! http://id.mail.yahoo.com

