Sapuk jeung uing Kang Bohay, naha? 
Nya boro we geus "merhitungkeun faktor angin sagala" ari pek teh ngagubragna 
deet ningan...hehehe* 
Duh, punten sanes ngagumujengkeun* teu kenging bendu nya Ki* :)

ro2

>>> [email protected] 06/01/09 10:17AM >>>
Ah, teu rame ki...
Nu kadua geuningan teu almarhum...
heuheuheu

-Bohay-


2009/6/1 Ki Leuksa Sunda <[email protected]>




Jawaban Tarucing tea :


Tah ayeuna Aki rek ngebrehkeun jawabanana (anu subjektif tea, pamanggih nu boga 
tarucing). 

Jalma anu kahiji, "Aaaaaaaaaaaaaaaaaa aaaaaaaaaaaaaaaa aaaaw..!! " Blug. Ragrag 
ti lante anu luhur (mungkin, 11, 13, 16, atawa 20). Memeh ninggang lemah aya 
waktu sababaraha detik keur ngagorowok panjang, barang nepi kana lemah 
dipungkas ku sora "Blug.." teu nyoara deui da tuluy almarhum atawa kapiuhan 
(pingsan). 

Jalma anu kadua, Blug "Aaaaaaaaaaaaaaaaw. ..." ieu mah ragragna handap, mungkin 
tina jandela lante dasar. Kulantaran handap, euweuh waktu keur ngagorowok da 
nepi manten kana lemah. Jadi nu pangheulana kadenge teh sora "Blug..", tangtu 
karasa nyeri terus ngagorowok bari nguliat nyekelan cangkeng. 

Jadi, analisana ngagunakeun matematika pikeun ngukur waktu jeung gerak anu 
ragrag, tambah ku elmu biologi, sangkan bisa neguh kaayaan anu jasadna ruksak 
gara-gara ragrag, sarta ditambah deui ku filsafat "meureun". 

Tah kitu, hahahahahahaha. .... (Wartosan baraya )

Wasalam
Ki Leuksa

Kirim email ke