Wilujeng ka Andi, mani gagancangan euy, beda jeung lanceukna ...hehehe. Inget 
ka Andi teh waktu kuring ulin ka jurusan tempat Andi sakola. Keur anteng we 
ngobrol jeung babaturan nu jadi dosen di jurusan tempat Andi sakola, di gang 
pas panto laboratorium, Ujug-ujug aya nu ngageroan; "BAH, geuning aya didieu?"

Kuring rada rungah-ringeuh, bet aya nu ngageroan "BAH" ka kuring. Ari 
disidik-sidik geuning Andi. Babaturan kuring heraneun pisan naha kuring disebut 
"Abah" ku mahasiswa, langsung nanya:

"Masih saudara?", cenah
"Iyah", ceuk kuring teh.

Sakali deui wilujeng, hanjakal jauh euy, tapi apal lebah-lebahna mah grand 
senyaur teh, ngan acan kungsi meuting di hotel eta teh, mahal ...hehehehe

Baktosna,
WALUYA


--- In [email protected], "Roro Rohmah" <roro.roh...@...> wrote:
>
> Wilujeng MJ, eh... Cep Andi..heheh...
> Mugia janten kulawarga sakinah mawaddah warrohmah.
> 
> ngiring bingah,
> ro2.
> 


Kirim email ke