Heuheu. muhun Bah. jadi ngarasa pisan adi bungsu sigana, teu aya cocoan. 
kabogohna urang planologi. 

si eta mah beda. katro pisan. teu acan kantos ka jakarta +naek kareta api dugi 
ka lulus SMA di Ciamis. tah sabot di bdg, sakola diprodi nu ayeuna di merger 
sareng Teknik Geofisika (TG), karek ngalaman sagala. ka jakarta ge dina raraga 
demo. haha. 

keur kuliah keneh manehna mah kungsi ngasaan pesawat terbang, da jadi relawan 
ka aceh bada tsunami. kungsi ka bali milu kapal perang TNI AL, ka ANU Canberra 
ngangon kanguru bari summer research (pendak jeung kang Mikihiro). jadi ketua 
himpunan HMGM, aktivis tukang demo, kantos milu pilpres keluarga mahasiswa itb, 
ti partai PSIK, ngan jadi runner up, eleh ku urang Salman. kantos naek gunung 
Ciremai, gunung pangjangkungna di tatar sunda. terus gunung Semeru, gunung 
pangjangkungna di pulo jawa. bari tara bebeja, da mun bebeja cenah, pasti moal 
diidinan. haha enya. kahayang teh kuliah we lempeng. milu pelatihan 
kepemimpinan pemuda jawa barat (diaayakeun ku Gerakan Masyarakat Jawa Barat, 
Gema Jabar) jeung kungsi jadi panitiana.

jaba meunang kabogoh. abdi onaman keur kuliah teh asli jomblo. tapi asa leuwih 
susah manehna- kungsi kos di himpunan, unit PSIK, lab, salami ampir dua taun. 
teu tegaeun meureun disubsidi lanceuk2na. spp-na ge pan ti royalti novel tea. 
haha. 

kantos pendak sareng Ua Sasmita di Bikasoga, duka acara susundaan naon. Ua 
laporan, andi ayeuna mah kelimis cenah. si horeng geus boga kabogoh. rajin 
mandi sigana. haha. da baheula mah, boro-boro mandi, nyisiran ge tara, 
alesanana, da mahasiswa itb, cenah. pede cap waduk angsa pisan. haha

ayeuna damel di petrochina, job (join operation body) pertamina-pausahaan 
minyak cina. bagean jatim cenah. geus apal golf sagala. gaya pisan. haha.

kamari teh kulawarga bingung. tiket ka balikpapan sabaraha, indung bapa, 
lanceukna tilu jeung kulawargana, di nu di pulo jawa. tadina bade paket hemat, 
indung bapa + lanceuk kandung, tapi manehna nyanggupan meser tiket 14an 
urangeun rombongan ciamis. nya mangga atuh.

nikah bade adat jawa pisan cenah. da pihak itu turunan malang. sering 
dikonsultasi ku pihak ditu. kumaha cenah di sunda, aya itung2an hari baik, jst. 
aya bu. tapi ayeuna mah, hari baik teh sabtu-minggu. haha
si andiw kungsi rek milari keris Sunda cenah pikeun pakaian adat. tapi hese. 
ngumaha, I said, bawa gampang we lah. hehe. 

nineung ka manehna teh, apal pisan basa manehna nembe sajam dilahirkeun. 
beureum keneh bari biwirna semu monyong haha. 

muhun teu wantun ngulem sadayana, ngan nu di balikpapan we,  da awis ongkosna. 
mudah-mudahan tiasa pendak sareng kang Kosam oge Abah Amin.

neda pidu'na we. mugia lancar salamet sadayana.

--- In [email protected], "waluya2006" <waluya2...@...> wrote:
>
> Wilujeng ka Andi, mani gagancangan euy, beda jeung lanceukna ...hehehe. Inget 
> ka Andi teh waktu kuring ulin ka jurusan tempat Andi sakola. Keur anteng we 
> ngobrol jeung babaturan nu jadi dosen di jurusan tempat Andi sakola, di gang 
> pas panto laboratorium, Ujug-ujug aya nu ngageroan; "BAH, geuning aya didieu?"
> 
> Kuring rada rungah-ringeuh, bet aya nu ngageroan "BAH" ka kuring. Ari 
> disidik-sidik geuning Andi. Babaturan kuring heraneun pisan naha kuring 
> disebut "Abah" ku mahasiswa, langsung nanya:
> 
> "Masih saudara?", cenah
> "Iyah", ceuk kuring teh.
> 
> Sakali deui wilujeng, hanjakal jauh euy, tapi apal lebah-lebahna mah grand 
> senyaur teh, ngan acan kungsi meuting di hotel eta teh, mahal ...hehehehe
> 
> Baktosna,
> WALUYA
>

Kirim email ke