Satadina mah kuring rek ngirim potongan file mp3 sora "terebang", hiji kasenian 
tradisional Sunda nu raket jeung penyebaran agama Islam di Tatar Sunda.. Ngan 
hanjakal gede pisan, sanajan geus dipotong-potong oge. Dipotong pondok teuing 
malah laguna jadi teu puguh. Teu jadi ah, rek ngadongeng we perkara terebang 
alias gembyung.

Geus nyaho tibaheula aya kasenian terebang teh, tapi nyaeta acan kungsi lalajo 
jeung ngareungeu, sanajan di lembur kuring aya kasenian BANGRENG (Terebang 
ronggeng?) nu cenah mah modifikasi tina seni Terebang. Kabeneran hiji waktu di 
Sumedang kuring ngilu kana mobil lanceuk, manehna nyetel radio lokal di 
Sumedang (Lamun teu salah mah Radia ASSYFA?). Tadina mah teu jadi perhatian, 
sora penyiar teh, ngan waktu breng lagu, ceuli kuring rancung, sabab laguna 
kakara ngedenge tapi ngarenaheun pisan, nu nembangna lalaki, lirikna : 
"ELing...eling mangkaeling, rumingkang di bumi alam ...dst". 

Bakating ku kataji, nanyakan ka lanceuk dimana bisa meuli CD atawa kasetna. 
Euweuh dipasaran, cenah, paling oge ngumaha ka stasion radio eta. Lanceuk janji 
rek ngumahakeun. Tah Poe Minggu kamari alo kuring nganteurkeun CDna. Rada kaget 
oge aya seni tradisional geus dina format mp3.  Laguna loba (CDna pinuh), oge 
grup seni terebangna: Al Barokah, Al Munawir, Al Mamun, Al Hidayah. Ngan 
hanjakal ngan sababarha hiji lagu nu rekamanana alus, nu sejenna mah garoreng, 
ampir teu bisa didengekeun.

Lirik lagu-lagu dina terebang teh geuning eusina pupujian ka Gusti atawa 
ngabejaan/ mamatahan dipirig ku terebang (saperti rebana). Sanajan instrumenna 
pangaruh ti Timur Tengah, tapi iramana nyunda pisan, jajauheun jeung irama 
sagara keusik ...hehehe. Iramana mawa suasana gumbira jeung tengtrem dina hate 
...


Baktosna,
WALUYA

   



   

   


      Yahoo! Upcoming: Singapore Arts Festival 2009 15 Mei - 14 Juni 2009. 
Lihat!  http://upcoming.yahoo.com/event/2166746/

Kirim email ke