tiasa di gandakeun heunteu kang, sareng di kintunkeun ka si kuring manawi tiasa hoyong lah keun wae ongkosnamah di gentosan, kantun alungkeun wae no rekeningna
Nana Suwargana ________________________________ Dari: Waluya <[email protected]> Kepada: BarayaSunda <[email protected]>; Kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Terkirim: Selasa, 9 Juni, 2009 15:19:33 Topik: [Urang Sunda] The Sound of "Terebang" ...... Satadina mah kuring rek ngirim potongan file mp3 sora "terebang", hiji kasenian tradisional Sunda nu raket jeung penyebaran agama Islam di Tatar Sunda.. Ngan hanjakal gede pisan, sanajan geus dipotong-potong oge. Dipotong pondok teuing malah laguna jadi teu puguh. Teu jadi ah, rek ngadongeng we perkara terebang alias gembyung. Geus nyaho tibaheula aya kasenian terebang teh, tapi nyaeta acan kungsi lalajo jeung ngareungeu, sanajan di lembur kuring aya kasenian BANGRENG (Terebang ronggeng?) nu cenah mah modifikasi tina seni Terebang. Kabeneran hiji waktu di Sumedang kuring ngilu kana mobil lanceuk, manehna nyetel radio lokal di Sumedang (Lamun teu salah mah Radia ASSYFA?). Tadina mah teu jadi perhatian, sora penyiar teh, ngan waktu breng lagu, ceuli kuring rancung, sabab laguna kakara ngedenge tapi ngarenaheun pisan, nu nembangna lalaki, lirikna : "ELing...eling mangkaeling, rumingkang di bumi alam ...dst". Bakating ku kataji, nanyakan ka lanceuk dimana bisa meuli CD atawa kasetna. Euweuh dipasaran, cenah, paling oge ngumaha ka stasion radio eta. Lanceuk janji rek ngumahakeun. Tah Poe Minggu kamari alo kuring nganteurkeun CDna. Rada kaget oge aya seni tradisional geus dina format mp3. Laguna loba (CDna pinuh), oge grup seni terebangna: Al Barokah, Al Munawir, Al Mamun, Al Hidayah. Ngan hanjakal ngan sababarha hiji lagu nu rekamanana alus, nu sejenna mah garoreng, ampir teu bisa didengekeun. Lirik lagu-lagu dina terebang teh geuning eusina pupujian ka Gusti atawa ngabejaan/ mamatahan dipirig ku terebang (saperti rebana). Sanajan instrumenna pangaruh ti Timur Tengah, tapi iramana nyunda pisan, jajauheun jeung irama sagara keusik ...hehehe. Iramana mawa suasana gumbira jeung tengtrem dina hate ... Baktosna, WALUYA Yahoo! Upcoming: Singapore Arts Festival 2009 15 Mei - 14 Juni 2009. Lihat! http://upcoming. yahoo.com/ event/2166746/ Lebih aman saat online. Upgrade ke Internet Explorer 8 baru dan lebih cepat yang dioptimalkan untuk Yahoo! agar Anda merasa lebih aman. Gratis. Dapatkan IE8 di sini! http://downloads.yahoo.com/id/internetexplorer/

