abi mah palaur aya domba nu kawin silang sapertos dina gambar lebet ka dieu
kumaha tah dombana janten haram teu?..domba mengandung bagong..
punten..


On 6/9/09, jamal <[email protected]> wrote:
>
>
>
>
>
> Poe jumaah kamari aya sawala di pusat studi sunda, jl taman kliningan 2 no
> 5. jejer kamari perkara angon-angon atawa ingon-ingon. Panyatur tilu dosen
> peternakan unpad, diantarana Dr Dedi. Nu dibahas kamari soal domba. Kaasup
> domba garut nu kakoncara.
>
>
>
>
>
> Cek Dr Dedi, karek apal yeuh, yen Domba Garut hasil silang antara domba
> lokal jeung domba Moreno jeung Kaapstad, nilik ngarana sigana domba eropa.
> Nya tempatna di Garut. Saha nu ngawinkeunanana? Nya KF Holle. Harita Holle
> nganjrek di garut, biasalah bule harita, salaku juragan kebon enteh.Ngaran
> ieu mashur oge salaku tokoh walanda nu nalungtik sajarah kaasup naskah sunda
> kuno.
>
>
>
> Nya domba indo eta nu ayeuna disebut atawa kawentar disebut domba garut.
> Ayeuna istilah domba adu diganti, jadi domba tangkas, adu domba jadi
> ketangkasan domba. Da cenah aya parobahan dina cara nganileyna, leuwih loba
> senina daripada kekerasan adu hulu dombana
>
>
>
>  Geus ah
>
>  
>

Kirim email ke