Poe jumaah kamari aya sawala di pusat studi sunda, jl taman kliningan 2 no
5. jejer kamari perkara angon-angon atawa ingon-ingon. Panyatur tilu dosen
peternakan unpad, diantarana Dr Dedi. Nu dibahas kamari soal domba. Kaasup
domba garut nu kakoncara.

 

 

Cek Dr Dedi, karek apal yeuh, yen Domba Garut hasil silang antara domba
lokal jeung domba Moreno jeung Kaapstad, nilik ngarana sigana domba eropa.
Nya tempatna di Garut. Saha nu ngawinkeunanana? Nya KF Holle. Harita Holle
nganjrek di garut, biasalah bule harita, salaku juragan kebon enteh.Ngaran
ieu mashur oge salaku tokoh walanda nu nalungtik sajarah kaasup naskah sunda
kuno.

 

Nya domba indo eta nu ayeuna disebut atawa kawentar disebut domba garut.
Ayeuna istilah domba adu diganti, jadi domba tangkas, adu domba jadi
ketangkasan domba. Da cenah aya parobahan dina cara nganileyna, leuwih loba
senina daripada kekerasan adu hulu dombana 

 

 Geus ah

Kirim email ke