Saperti dina postingan kuring ti heula di milis urangsunda, Rancage 2009 (anu 
ka-21) naratas hiji jalan anyar pikeun ngawanohkeun sastra jeung budaya daerah 
ka bangsa asing, sok sanajan dina acara eta teh ngan aya sababarah urang asing 
(pangurus Erasmus Huis). Sambutan ti direktur Erasmus, nunjukkeun apresiasi 
(naon sundana?) anu luar biasa, kana acara Rancage. Erasmus teh pusat 
Kabudayaan Walanda,  salah sahiji pusat kabudayaan di Jakarta, anu salian 
mintonkeun acara-acara budaya bangsa asing (deungeun), oge dieusian ku 
acara-acara kasenian jeung budaya daerah/Indonesia.

Katurug-turug dina acara eta teh aya diskusi “Peran Bahasa Ibu di masa lalu dan 
masa kini”, salah saurang anu biantara teh Dr. Dick van der Meij, peneliti 
urang Walanda anu jadi dosen (tamu) di  UIN Syarif Hidayatullah Jakarta. Jigana 
Walanda mah pikeun urang Sunda, oge pikeun suku bangsa sejenna di Indonesia, 
boga jasa anu luar biasa dina perkara miara jeung ngamumule budaya asli 
Indonesia. Baheula waktu di sakola,  sok “dicekokan” Walanda teh bangsa 
penjajah, jahat, tukang ngadu domba (jalma lain domba garut), pan aya 
kacapangan politik “devide et impera” tea. Tapi aspek positipna teh dina aspek 
mulasara budaya sukubangsa di Indonesia jeung ngamajukeun bangsa Indonesia dina 
widang atikan. Tadi isuk, kuring nungkulan hiji acara di kampus UI Depok. 
Rektor UI nyaritakeun sajarah UI diadegkeun teh lain tahun 1950, tapi 2 Januari 
 tahun 1850, mangsa dimana pamarentah (kolonial) Walanda ngadegkeun sakola 
dokter Jawa. Ti harita bangsa Indonesia
 diajar tradisi ilmiah.

Mangsa kiwari, dimana globalisasi mangaruhan kana sagala widang kahirupan, 
jigana urang kudu rancage “ngigelan “ jaman, upama urang hayang tetep 
makalangan di alam dunya. Rancage anu tadina ngan sakadar mere pangleler ka 
pangarang Sunda, ditambahan ka pangarang urang Jawa jeung Bali. Didinya aya 
interaksi jeung ngajenan kana budaya seler sejen, hiji sinergi anu bisa 
ngabeungkeut hiji kakuatan pikeun neguhkeun budaya. Atuh ayeuna Rancage 
ngayakeun acara di hiji pusat kabudayaan asing, ieu oge hiji kakuatan, da 
geuning aya oge bangsa deungeun anu boga perhatian kana pasualan budaya daerah 
Indonesia. Pola pikir siga kieu meureun anu bakal leuwih ngalanggengkeun hiji 
budaya. 


baktos,

mrachmatrawyani





      

Kirim email ke