1. Kang Man panginten tokoh mah diwatesan ka jalma nu boga prestasi tur
geus bisa jadi pieunteungeun batur, bisa jadi conto tatapakanana. Kumargi kitu
widangna lega pisan pami tiasa disebat mah dina sagala widang.
2. Tah ngeunaan pangaruhna eta tangtos tiasa di ukur naha numutkeun
widangna, wilayah/geografis jste.
3. Pami ngeunaan usia memang sok jadi basoka dibetot ditiup2 kumaha
karep, tapi pami ceuk sim kuring mah ngora mah maksimal hulu 30an, pami tos 40
taun mah tos kolot, 50 kaditu mah kolot pisan, 60 kaditu kolot pisan pisan, 70
kaditu kolot pisan-pisan-pisan -:)
4. Hal nu penting nu kedah dicekel mah konsistensina kumargi tokoh mah
pakait sareng pieunteungeun tea, tauladan.
5. Ku 4 hal eta panginten tiasa diayak deui tina eta 125an jalmi nu
kadaftar mana nu dianggap tokoh.
baktos
tirta
Makarya Mawa Raharja
________________________________
From: Maman Gantra <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Thursday, June 11, 2009 3:41:14 AM
Subject: [Urang Sunda] Neangan Tokoh Muda Indonesia?
Tadi mah, di kantor, kuring sabatur-batur ngadon ngawadul perkara "tokoh muda
Indonesia". Teuing ti mana mimitina jol nepi ka dinya teh. Ngan, nu mucunghul
harita teh omongan salah sahiji batur nu jadi salah sahiji anggota eta majelis
pangwadulan: Ceuk manehna, urang -- bangsa Indonesia -- saemet pisan miboga
inohong nu kaitung masih ngora.
Kungsi eta ge ditempas ku kuring, dina hate: Keur kuring, nu geus teu asup
disebut ngora, ngeunaan ieu teu matak jadi pikiran. Rek ngora, rek kolot, emang
gua pikirin?
Lian ti embung cape mikir, oge -- dina pikiran kuring -- urang teu saeutik
miboga inohong-inohong ngora. Mimiti ti Enda Nasution nepi ka Lola Ameria atawa
Jenar Mahesa Ayu. Keur kuring, tiap zaman pasti aya inohongna, aya ikonna.
Kaasup, nya jelema-jelema nu disebut "ngora" tadi.
Ongkoh, nu disebut "ngora" teh gumantung kumaha atawa ti lebah mana ningalina.
Keur kuring, nu dua taun deui nincak satengah abad, jelema nu masih 30-an taun
kaitung ngora. Pon kitu deui nu masih 40-an. Pondokna mah sakur nu umurna
sahandapeun, keur kuring, nya kaitung ngora. Da kuring ngitung ku umur sorangan.
"Bahkan, umur 50 tahun pun masih dianggap muda," ceuk hiji batur, ujug-ujug,
bari ngusapan meja di hareupeunnana. "Apalagi kalau 50-an tahun dianggap muda.
Kita punya banyak Tokoh Muda," tempas kuring, nandeskeun optimisme kuring
ngeunaan stok inohong ngora.
Nu jadi masalah, kitu ge mun arek dianggap masalah, naon nu jadi kriteria
inohong tadi? Prestasi? Prestasi siga kumaha? Loba jelema nu miboga prestasi,
tapi can karuhan bisa disebut inohong. Boga pangaruh kanu lian? Sarua oge, can
karuhan prestasi. Prita Mulyasari, ibu rumahtangga biasa, oge miboga "pangaruh"
ka nu lian. Malah, teu kurang ti dua capres nu "kapangaruhan" eta "inohong". Ku
ngilu ngomentaran jeung ngilu "memener" eta perkara. Malah, pan, Megawati mah
haat ngahajakeun ngalongok ka pangberokan sagala?
Nepi ka dinya, deui-deui didorong ku euweuh gawe jeung pupujieun, babaturan
lian, nu ti tatadi karah olohok, hideng nyampeurkeun bor. Gap kana spidol. Tret
nulis ngaran-ngaran nu dianggap asup kana kriteria "muda" jeung "berprestasi"
tadi -- bari naon nu dianggap "prestasi" teh can buleud dipatotoskeun.
Teu ku hanteu, diitung-itung, dina waktu kurang tina 30 menit, kakumpulkeun 125
ngaran. Boh nu hirupna di lingkungan politik, kalimuan (akademis), kasenian,
LSM, jeung sajabana. Salah sahijina, nu kedal tina biwir kuring: Yenti
Garnasih, doktor hukum money laudry, dosen Trisakti, urang Sukabumi, nu janten
geureuha jendral bintang hiji di Mabes TNI.
Mangsa kuring ngedalkeun eta ngaran, batur-batur nu aya ngadon protes.
Pajarkeun teh Dr.Yenti teu asup kana kriteria. "Lo, dia kelahiran 1959. Masih
50 tahun," ceuk kuring. "Prestasinya? Dialah doktor hukum dengan disertasi
mengenai money laundry. Sejauh saya tahu, baru dialah yang membahas hal itu,"
pindo kuring, bari nambahkeun yen Adrianus Meliala, guru besar pangorana di UI,
disertasina -- mun teu salah -- masih umum sipatna: Kejahatan kerah putih. Can
museur kana perkara pencucian uang (haram).
Sanajan kuring ngedalkeun pembelaan kuring tadi kalawan teteg, hate mah tetep
tumanya: Enya, kriteria tawa syarat-syarat naon nu nepi ka hiji jelema bisa
disebut inohong atawa tokoh teh? Naha, umur 50 taun masih keneh bisa disebut
ngora? (Mun ngeunteung ka kanjeng nabi, nu yuswana teu langkung ti 63 taun,
satemenna umur 50 teh geus kaitung kolot. Geus cueut ka paeh). Oge prestasi
tadi. Naon nu disebut prestasi teh?
Ngeunaan nu panungtungan, prestasi, nu katewak tina obrolan tadi, kuring
sabatur-batur leuwih kasihir ku popularitas -- sohor. Padahal, ngeunaan sohor
ieu bisa oge miboga cacad. Contona, dina widang politik. Teu saeutik politisi
nu sohor, nu satemenna teu miboga prestasi nu otentik. Lain bae kapilihna ka
DPR teh leuwih alatan perkara duit. Tapi, oge memang dibere tugas jadi juru
bicara partaina. Kadar conto.
Leuwih ti kitu, kuring sabatur-batur, dina sawatara hal, ukur nempo ti
kajauhan. Contona: Tina 125 ngaran, umumna tokoh politik, pengamat politik,
pengamat ekonomi, LSM, jeung artis. Kalangan ilmuwan atawa akademisi mah euweuh
saurang oge nu kasebut. Sok komo ilmuwan atawa akademisi nu kaasup super
spesialis mah. Da, bubuhan, teu miboga informasina.
Enya, urang lain bae katalikung ku kaweruh sorangan. Tapi, oge percaya teuing
ka koran atawa media. Sanajan, teu pati salah oge. Mun remen disebut-sebut na
koran atawa televisi, otomatis dianggap "tokoh". Padahal, koran atawa televisi
oge bisa nyalahan. Kaweruh jeung kasuhud wartawan dina ngagali informasi remen
tikosewad kana sipat ngagampangkeun -- nu antukna nyasabkeun masarakat nu
narima eta informasi teu dibarungan ku sikep kritis. Alatan males ngorehan
pabukon atawa nanya ka nu leuwih ngarti, urang nganggap si A ngan hiji-hijina
ahli dina hiji widang.
Padahal, nu pantesna nyampak dina obrolan kuring sabatur-batur tadi: Daftar
inohong ngora nu miboga prestasi dina widang sewang-sewangan, bari widang tadi
teu cueut ka hiji disiplin elmu. Dina daptar nu dijieun ku batur tadi, lain bae
euweuh arsitek ngora nu asup. Dalah, sarjana fisika atawa psikologi ge teu
nyampak.
Naha perkara eta teh siga ceuk tadi: Kuring sabatur-batur teu miboga kaweruh
dina perkara widang-widang non sosial-ekonomi- seni? Atawa, memang urang teu
boga inohong ngora dina widang paelmuan esakta jeung sajabana?
Malah kaasup dina widang kasenian, kuring ngaragukeun kaweruh kuring
sabatur-batur. Sabab, kainohongan hiji seniman ge teu arang kadar nanjeur di
sabudeureun komunitas atawa alirannana. Si A dianggap inohong di komunitas ieu
atawa aliran anu. Tapi keur komunitas atawa aliran lian mah can karuhan. Sok
komo keur masarakat umum di luar komunitas kasenian mah.
Enya. Saha jeung kumaha satemenna "Tokoh Muda Indonesia" teh?
Cempaka Putih, 11 Juni 2009, deukeut ka janari.
(Tilam sono ka R jeung barudak).