--- In [email protected], H Surtiwa <surt...@...> wrote:
>
> Ari inohong dina dunya usaha teu kasebut atanapi kaemutan? Pan aya ayeuna
> umur 30 an anu sukses usaha...sarjana boh non sarjana tina teu boga nanaon
> nepi ka sukses usahana...elmuna ushana tiasa janten bahan pangajaran keur
> diturutan........
>
>
Muhun, Bah. Leres pisan. Usawahan nu kasebat, asana, mung opatan: Erik Tohir,
Sandiago Uno, Aditia Bakrie, sareng putrana Aksa Mahmud. Bakrie, kangge sim
kuring, Aditia mah asa can can kakuping prestasina. Sanaos aktif di Kadin
sareng Hipmi, ku emutan, manehna langkung cueut ku prestasi warisan ti bapana.
(Malah, boa-boa, ti akina).
Kitu deui ti kalangan manajer profesional. Asana, nembe sakedik: Lee Chen Wei,
Gita Wiryawan, Cyril Nurhadi, sareng Muhammad Luthfi (Ketua BKPM).
Mung, nu oge kaemut: Kumaha ngukur prestasi usahawan? Naha tina omzet usahana?
Jumlah karyawan pausahaannana atanapi naon?
Kahatur Kang Tirta:
Leres pisan, Kang. Kriterium prestasi teh dina "dampak" atanapi "pangaruhna" ka
lingkungan -- seug dugi ka tiasa janten tauladan atanapi aya mangpaatna ka nu
sanes. Perkawis yuswa, abdi sapuk -- mun tiasa -- di handapeun 40.
Nanging, saha nu kinten-kinten iasa "ngawakilan" tiap widang kahirupan:
Politik, ekonomi (profesional, usahawan, pemikir/pengamat), hukum
(pemikir/akademisi sareng praktisi -- nu sesah pisan milarina), seni-budaya
(praktisi sareng pemikir), iptek (nuklir/fisika murni?, plastik/kimia murni?,
tatanen, olah-olah dahareun/pengolahan makanan, perkapalan, sipil, teknologi
nano, geologi -- khususon gunung atanapi nu pakait sareng tsunami, sareng
paelmuan sanesna nu ngagaduhan dampak kana kamekaran teknologi sareng kahirupan
balarea).
Pon kitu deui dina widang kamiliteran sareng kapolisian. Sim kuring
saparakanca, nembe mendakan dua nami. Kitu ge nembe di kapolisian: Petrus
Golose (doktor cyber crime, nu ayeuna mancen tugas janten "kanit" cyber crime
di ditserse Mabes Polri) sareng Rycko Amelza Dahniel (Kapolres Jakarta Utara,
doktor ngeunaan organisasi/reformasi Polri).
Kinten-kinten saha, nya, nu tiasa ngeusi widang-widang nu teu acan katoong tadi?