Kartu voucher ari ceuk kuring mah murni "pulitik dagang". Ari nu dagang tea, 
teu bisa ningali "peluang" pidagangeun diantep.

Perkara film atawa buku Laskar Pelangi, lain warisan liteter, tapi mangrupa 
rekaman "jejak masa lampau" anu kentel jeung budaya lokal. Jakarta jeung Eropa 
anu disorang ku si Ikal mangrupakeun simbol budaya modern, budaya maju anu sok 
jadi udagan urang kampung. ahirna si Ikal sadar kana akar budayana sorangan. 
akar budaya ieu mangrupakeun modal pikeun ngawangun nasionalisme.

Perkara budaya jeung nasionalisme ieu, sawatara waktu katukang, kuring lalajo 
cuplikan "FILM MERANTAU" dina hiji diskusi "Pencak Silat dan Teknologi Hig 
Definition" di FISIP UI 14 Mei anu kaliwat. Ieu film disutradaraan ku  Gareth 
H. Evans (urang Inggris), disponsoran ku PERSILAT, nonjolkeun aliran silat 
Harimau Sumatera Barat, dibintangan diantarana ku Christine Hakim. Ringkesan 
film ieu teh nyaritakeun pangalaman salah saurang jajaka urang Padang anu 
ngumbara ka Jakarta.  Pokona ieu film kentel aspek budaya jeung kasenian 
nasional. Ceuk cenah mah di puter dibioskop-bioskop umum bulan Juli.

Tulisan ieu sabenerna lain rek nyaritakeun perkara film, tapi aya kahariwang di 
kalangan elit, para rumaja  ayeuna geus heunteu ngajenan ka budaya sorangan, 
anu bisa ngalunturkeun jiwa nasionalisme. Tah kusabab kitu, konglomerat saperti 
Rachmat Gobel keur neangan cara kumaha carana sangkan rumaja ayeuna mikadeudeuh 
budaya sorangan. Christine Hakim boga pancen, ngadokumentasikeun sagala hal anu 
aya pakaitna jeung budaya lokal.
Tah, sigana Laskar Pelangi oge, dipikaresep nonjolkeun unsur budaya lokal atawa 
rasa nasionalisme, anu ayeuna meh pareum di sabagean urang Indonensia.

Kumaha tah, ceuk kang Anwar Cholid tina  kacamata analisis poskolonialis?

baktos,

mrachmatrawyani


--- On Wed, 6/10/09, Anwar Holid <[email protected]> wrote:

From: Anwar Holid <[email protected]>
Subject: [Urang Sunda] Warisan Literer Bernama Tetralogi Laskar Pelangi
To: [email protected]
Date: Wednesday, June 10, 2009, 4:15 PM











    
            
            


      
      

Warisan Literer Bernama Tetralogi Laskar Pelangi

---Anwar Holid



Baru saja saya menemukan kartu voucher isi ulang seri Laskar Pelangi keluaran 
sebuah operator telepon selular. Gambarnya sama dengan versi poster film 
tersebut. Begitu melihat kartu itu, angan-angan saya mencari tahu, produk apa 
saja yang sudah memanfaatkan merchandise dari turunan karya ini? Apa sudah ada 
cangkir dan handuk bergambar Laskar Pelangi? Mendadak saya membatin, "Kalau 
sudah begitu berhasil menyelusup ke banyak celah kehidupan, apa buku itu pantas 
disebut sebagai warisan literer bangsa Indonesia?" 



Pertanyaan ini seakan-akan terasa "grandeur", tapi entah kenapa saya tergoda 
untuk menemukan jawabannya. Boleh jadi karena meledaknya tetralogi Laskar 
Pelangi membuat saya mengira bahwa novel ini merupakan contoh sempurna dari 
teori "Black Swan" (Angsa Hitam), yakni sesuatu yang muncul secara mendadak, 
kebetulan, namun pengaruhnya mampu meruntuhkan pandangan dunia sebelumnya.




         
        
        








        


        
        


      

Kirim email ke