Baraya, Poe kamari Siti Hajar, TKW asal Garut anu keur nandangan sangsara di pangumbaraan, nagara tatangga, Malayasia tea, ditelepon ku Presiden. Pasoalanana, tangtu geus loba nu apal. Lain Presiden caper alias cari perhatian, tapi, memang geus rezekina Siti Hajar wae, meunang panyombo lain ti jalma samanea di Indonesia, tapi ti pimpinan pamarentahan pangluhurna: Presiden Indonesia danget ieu. "Sing sabar wae nya, siti Hajar....jst". Kurang leuwih kitu diantara potongan kalimah pangbeberah ka Siti Hajar ti Presiden. Atuh Siti Hajar alhamdulillah atoh bari ingsreuk-ingsreukan oge. Sahenteuna, ditelepon ku pa Presiden anu dipikaresep, utamana ku ibu-ibu (ceuk cenah).
Inget kana kasus Siti Hajar Garut, jadi inget oge ka Siti Hajar isterina Nabi Ibrahim. Sarua nandangan sangsara, ngan bedana oge gede. Ari Siti Hajar ibuna Nabi Ismail mah sangsara teh jadi hiji cara ibadah, nyaeta kasabaran nalika dikantun ku caroge, bulak-balik antara Sofa jeung Marwa neangan cai, jeung kasabaran nalika Isma'il dibawa ka tempat pameuncitan keur korban (anu teu jadi tea da digantian ku "dzhibhim kadzim" alias peupeuncitan anu badag, kitu ceuk Al Qur'an). Sangsara Siti Hajar anu ti Mekkah mah sangsara keur syarat jadi isteri tuladan sadunya, syarat keur lahirna hiji manasik (tatacara ibadah), tangtu kasangsaraanana oge bisa jadi disyukuran pisan. Anapon kasangsaraan Siti Hajar anu ti Garut mah meh sakabeh bangsa urang manghanjakalkeun, manglebarkeun, jeung papada nganaha-naha: Naha bisa nepi ka kitu (diseblok ku Cipanas ku juraganana, gajihna teu dipasrahkeun samemeh diurus ku Pamarentah mah, jst? Dimana fungsi Pamarentah samemehna? Memang aya hal anu pantes jadi diconto (hartina bisa jadi ibadah oge) dina kasus Siti Hajar Garut oge, upamana wae: kasabaran nalika nandangan nyanghareupan kahirupan anu peurih. Tapi, ari diseblo ku cai panas atawa teu mayar gajih karyawan atawa badega mah lain hiji cara ibadah atawa turutaneun. Kasus Siti Hajar - Garut, ngahudangkeun deui rungapna pasoalan ngokolakeun tanaga kerja, khususna TKW alias tanaga kerja awewe bangsa urang di Luar Negeri. Sakumaha kungsi dicaritakeun samemehna, ieu pasoalan TKW teh mahabuna sanggeus diijinan ku Menteri Depnaker harita, Sudomo tea, kl sabudeureun taun 1983-an. Hanjakal, ti saprak diijinkeuanana aya TKW, teu aya aturan anu ngajamin kasalametan jeung karaharjaan TKW urang, boh salila di tempat gawena - di luar neger tea - atawa sanggeus balikna deui ka lemah cai. Akar pasoalanana, ceuk sawangan kuring, anu utama, taya lian kusabab Pamarentah tembong siga anu kurang paduli kana ieu pasoalan. Bukti anu pangnyatana: urusan ngokolakeun TKW sabagean gedena masih diijinkeun dikokola atawa pasrahkeun ka swasta. Pamarentah karek ancrub nalika geus aya pasoalan. Swasta tea atuh wajar, visina tangtu anu utama mah neangan untung. Boro raah inget kana nalingakeun kasalametan jeung karaharjaan TKW. Coba lamun Pamarentah ancrub ti mimiti mekelan TKW ku pangaweruh jeung kaparigelan anu diperlukeun nepi ka para TKW teh boga nilai adu rega jeung calon majikanana di LN, ngurus paspor jeung visa dipermudah, gaji dimanage ku Pamarentah kalawan jujur, aya pasoalan gancang diurus ku perwakilan Pamarentah di nagara tempat digawe para TKW, kaasup jadi juru bicara jeung juraganana nalika aya pasoalan, nepi ka marulang deui ka lemah caina kalawan salamet. Mataholang pasoalan TKW asa gampang diringkelkeun, sok sanajan hese prak-prakanana mah, sabab merlukeun tekad jeung prak-prakan Pamarentah anu jujur, soson-soson, jeung niat nyieun bangsana cerdas, raharja jeung nyangking kaadilan sosial sakumaha dina bubuka UUD 45. Kahareup, kahayang mah urusan TKW/TKI ieu nyoko kana prinsip-prinsi dasar kieu: 1) TKW jeung TKI mutlak kudu diurus ku Pamarentah langsung, teu meunang aya hiji oge hal anu diurus ku swasta; 2) kudu aya peningkatan kamampuan (skill) TKW/TKI supaya nilaina naek, 3) sabisa-bisa digawena ulah jadi babu (pakait jeung prinsip anu kadua); 4) Pamarentah kudu mempermudah urusan anu diperlukeun ku TKW/TKI (ijin, paspor, visa, jst) sabab aranjeunna teh apan engkena penghasil devisa, jeung 5) Pamarentah kudu ngajamin kasalametan para TKW/TKI ti mimiti indit, salila di nagara tujuan, nepi ka baralik deui ka lemah cai (upamana, di bandara ulah nepi siga di leuweung gerot, sieun diudag-udag ku para preman, ditipu jasa angkutan, jst, kudu inget, para TKW khususna eta kaum isteri anu sakuduna dihormat, komo aranjeunna teh penghasil devisa, lain diingkeun siga sato pamoroan). Gurat badag lengkah-lengkah tina prinsip-prinsip di luhur, anu kabayang ku kuring ayena sarupa kieu: 1) Pamarentah ngaliwatan Departemen Luar Negeri nyieun hubungan jeung nagara tujuan bari ngumpulkeun informasi: kaperluan tanaga kerja ti nagara-nagara deungeun teh naon wae jenis jeung jumlahna, skill dasar naon anu diperlukeun, jst. 2) Pamarentah ngumpulkeun informasi aya sabaraha TKW jeung TKI anu pantes jeung nyumponan prasyarat dasar pikeun eta kaperluan TKW/TKI. Laju, diayakeun seleksi penerimaan calon TKW/TKI 3) Pamarentah ngayakeun pelatihan haratis atawa paling luhur dibayar di tukang sanggeus para TKW/TKI meunang gajih atawa upah. Kurikulum pelatihan diluyukeun jeung kaperluan nagara tujuan oge jeung kamampu dasar calon TKW/TKI; Aya alusna ti mimiti lengkah ieu, wakil2 ti nagara tujuan geus dilibetkeun, boh dina pendanaan atawa dina masalah pembiayaan; 4) Lamun geus cocok antara calon majikan di nagara tujuan (ushaakeun majikan teh nyaeta pausahaan, lain rumah tangga) jeung calon TKW -na, boh syarat minimal kamampuan atawa gajih, para TKW/TKI teh diberangakatkeun ku Pamarentah. Paspor atawa visa haratis, ongkos ka nagara tujuan oge haratis, atawa dibayar ti tukang kalawan dicicil lamun para TKW/TKI geus meunang gajih. 5) Pamarentah boga wawakil khusus pikeun ngurus para TKW/TKI di satiap nagara anu jadi tujuan para TKW/TKI. Ieu fungsi perwakilan teh pikeun tempat ngadu para TKW/TKI dimana meunang pasoalan, keur ngurus gajih, jeung naon rupa masalah anu pakait jeung nasib TKW/TKI. Ulah aya deui kajadian TKW/TKI sosoranganan nyanghareupan majikan atawa Pamarentah nagara pangumbaraanana. Sagala rupa urusan TKW/TKI jeung pihak majikan/nagara majikan kudu diwakilan ku ieu wawakil ti Pamarentah. Tanggungjawab ieu wawakil Pamarentah teh nepi ka para TKW/TKI marulang deui ka imahna masing-masing kalawan salamet. Sakitu heula, mangga diantos sumbang pamadegan ti baraya sadaya, kaasup, upama bade aya perhatosan ka Siti Hajar Garut ieu, mangga urang sami-sami sawalakeun. salam TKW/TKI, manar

