wilujeng tepang kang opik banteng, eh benteng, hehehe. der geura ngadongeng ah. (mh)
2009/6/15 opiq_benteng <[email protected]>: > > > Hapunten..... > Bade ngiringan di forum ieu... > Nami abdi teh di pasihan ku pun rama namina Taufik > Kawitna ti tangerang .... lahir sareng ageung di tangerang > Dambel di Bekasi tepatna di Cibitung dikawasan MM2100 > di pabrik Elktronik > upami di ijinan... abdi hoyong miluan di komunitas ieu.... > Mudah mudahan wae langgeng sareng gaduh saderek sareng keluargi anyar... > Hapunten upami bahsana teu siga nu sanes ..... ditangerang sareng bekasi mah > Sundana benten... > Hatur nuhun .... > > > ----- Original Message ----- > From: mh > To: [email protected] > Sent: Monday, June 15, 2009 1:01 PM > Subject: Re: [Urang Sunda] ITOK-proxy > > 'proxy' teh mun disundakeun mah bisa disebut 'panglayar'. > contona kieu: kang dudi hayang wanoh ka neng anggi, tapi teu wani pok > sorangan da inggis ku bisi rempan ku sugan tea, nya ngumaha ka kang oman > sangkan pangnepikeun pamaksudanana. tah kang oman teh jadi 'proksi' > antara kang dudi jeung neng anggi. hehehe. kang dud, enya kitu neng anggi > ngaranna teh? > > jigana hade tah upama kecap 'panglayar' nu asli sunda diadopsi keur > narjamahkeun > kecap 'proxy', da di-indonesia-keun mah asa kurang ngeunah kadengena, > jadi 'mak comblang'. sakalian bari kampanye migunakeun basa sunda. > > (mh) > > 2009/6/15 irpan rispandi <[email protected]>: >> [Attachment(s) from irpan rispandi included below] >> >> Proksi. >> gampang na mah kitu we nyebutna. >> >> Naon ari proxy teh? >> Lamun urang rek kaluar tina hiji komplek perumahan sistem cluster, tangtu >> urang kaluar ngaliwatan jalan utama jeung pintu gerbang anu dijaga ku >> saspam :) . Urang moal bisa kaluar ngaliwatan jalan sejen, sabab panto >> kaluar asupna ngan hiji. >> >> Analogi proxy oge kurang leuwih kitu. Lamun urang hayang kaluar ti komplek >> komputer (LAN) sangkan bisa gabung jeung jalma sejen di dunya Maya >> (Internet), urang kudu ngaliwatan jalan utama jeung pintu gerbang. Tah >> pintu >> gerbang ieu teh nya si proxy tea. >> >> Ari bentuk fisikna si proxy teh, nya mangrupa komputer keneh. Sarua jeung >> komputer-komputer sejenna. Bedana, dina komputer anu jadi proxy, aya >> program >> proxy server-na, saperti Internet Gateway, Squid Proxy, jsb. >> >> Dina komputer proxy ieu, bisa ditempatkeun satpam, anu tugasna mariksa >> saha-saha wae anu rek asup jeung kaluar ti jaringan komputer urang. >> Kapanan >> kadang-kadang urang lamun rek muka website-website porno, sok aya pesen >> "access denied", he..he..he... >> >> Supaya komputer urang bisa nyambung ka internet, program internet browser >> urang kudu diseting heula sangkan ngagunakeun proxy anu aya di jaringan >> urang. Pikeun program Internet Explorer, urang ngarobah setingan proxy teh >> di : >> Tools --> Internet Options --> Connections --> LAN Settings --> >> >> centang pilihan "Use a proxy servers ..... ", terus eusikeun IP komputer >> anu >> jadi proxy server jeung portna. Ngeunaan IP jeung Port, engke sugan >> kahareup >> urang bahas sacara husus. >> >> Sakieu heula, mugia mangpaat. >> Aya nu rek nanya? >> >> (Pede banget, he..he..he.. ) >> >> -- >> >> Attachment(s) from irpan rispandi >> >> 1 of 1 Photo(s) >> >> Internet Options.JPG >> > > >

