Heeemmmmm.......
Saguru saelmu ulah ganggu. Sima aing sima maung......

www.ninjacloak.com
www.kproxy.com
jsb.
Eta teh mangrupa website-website anu jadi Open Proxy. Lamun ditilik tina ngarana, geus jelas, open proxy, atawa panglayar bebas/terbuka (ceuk mang MH), ieu teh mangrupa server anu ngabebaskeun saha wae anu arek make jasa manehna.

Misalna, urang arek muka website anu dilarang ku proxy di tempat urang, kari pake we open proxy. Si satpam di pintu gerbang moal nyaram muka eta website, ku sabab website anu katingali ku satpam mah mangrupakeun website anu 'beresih', lain website anu dilarang.

Ngaaaan.... aya nganna, biasana ieu website open proxy teh srigala berbulu domba. Naha?  ku sabab manehna bakal ngarekam satiap aktifitas urang salila lalayaran di dunya maya, ngaliwatan website open proxy tea. Lamun urang ngan ukur muka www.playboy.com mah teu nanaon. Tapi lamun geus muka www.playboy.com terus daftar jadi anggota ameh bisa nga-download film-filmna, tangtu aya transaksi meuli jeung mayar. Tah, didieu bahayana teh. Sabab transaksi meuli jeung mayar di internet, masih keneh dominan make kartu kredit. Tangtu informasi kartu kredit urang bakal direkam ku si open proxy tea, behdituna mah sagala informasi pribadi urang bakal kapimilik ku manehna.

Nu matak tong heran, lamun isuk jaganing geto, urang narima tagihan kartu kredit, anu urang teu rumasa ngalakukeun transaksina.

Jadi kasimpulanna, Montong gableg kartu kredit lamun teu perlu-perlu teuing mah he..he..he...


Toha wrote:

Rek nanya ah....Kuring pernah ngadenge anu disebut Open Proksi, Tah Ari anu disebut Open Proksi eta teh makluk naon cenah kang Itox?, kumaha hubungan-na jeung Proksi anu dijelaskeun dihandap ieu?

Nuhun Ah,

Toha

2009/6/15 irpan rispandi <mr.rispandi@gmail.com>
[Attachment(s) from irpan rispandi included below]

Proksi.
gampang na mah kitu we nyebutna.

Naon ari proxy teh?
Lamun urang rek kaluar tina hiji komplek perumahan sistem cluster, tangtu urang kaluar ngaliwatan jalan utama jeung pintu gerbang anu dijaga ku saspam  :) .  Urang moal bisa kaluar ngaliwatan jalan sejen, sabab panto kaluar asupna ngan hiji.

Analogi proxy oge kurang leuwih kitu. Lamun urang hayang kaluar ti komplek komputer (LAN) sangkan bisa gabung jeung jalma sejen di dunya Maya (Internet), urang kudu ngaliwatan jalan utama jeung pintu gerbang. Tah pintu gerbang ieu teh nya si proxy tea.

Ari bentuk fisikna si proxy teh, nya mangrupa komputer keneh. Sarua jeung komputer-komputer sejenna. Bedana, dina komputer anu jadi proxy, aya program proxy server-na, saperti Internet Gateway, Squid Proxy, jsb.

Dina komputer proxy ieu, bisa ditempatkeun satpam, anu tugasna mariksa saha-saha wae anu rek asup jeung kaluar ti jaringan komputer urang. Kapanan kadang-kadang urang lamun rek muka website-website porno, sok aya pesen "access denied", he..he..he...

Supaya komputer urang bisa nyambung ka internet, program internet browser urang kudu diseting heula sangkan ngagunakeun proxy anu aya di jaringan urang. Pikeun program Internet Explorer, urang ngarobah setingan proxy teh di :
Tools --> Internet Options --> Connections --> LAN Settings -->

centang pilihan "Use a proxy servers ..... ", terus eusikeun IP komputer anu jadi proxy server jeung portna. Ngeunaan IP jeung Port, engke sugan kahareup urang bahas sacara husus.

Sakieu heula, mugia mangpaat.
Aya nu rek nanya?

(Pede banget,  he..he..he.. )

--






--

Kirim email ke