Hartina anu disebat haji teh anu tos ngalaksanakeun rukun islam anu ka 5 
numutkeun syareat nya bah. �Brarti eta mah keur jalmi anu gaduh wungkul atuh, 
da upami jalmi anu teu gaduh moal tiasa. tong boro keur haji, keur sapopoe oge 
lieur mereun���.�
Eta ge teu loba mereun nu kasebatna haji mabrur. sabab punteun aya oge nu tos 
ngalaksanakeun haji masih keneh dina ucap jeung lampahna goreng. Padahal dina 
syareatna, haji teh anu pangakhirna/pamungkasna, anu ngandung harti ku 
simkuring anu pangluhurna, sabab tos�ngalangkungan anu 4 
(syahadat,sholat,puasa,jakat). Upami kitu�anu mananya anu disebat haji teh 
sebenerna??
Jeung�naha diditu disebatna tanah sucinya bah???�aya beja�munggah haji 
katanah suci.�
Mun ditingali memang naon anu sucina??? Upami�dina tanah na da henteu, daerah 
na ge�panas, gersang jeung tandus, cai ge�hese siganamah. Bisa pepelakan 
saukur kurma jeung kaktus mereun. Beda jeung di urang, tanahna 
subur,�bakating kusucina keur pepelakan naon oge tiasa, contohna melak 
sampe�asal oge bakal tumbuh, mun ceuk�KOESPLUS mah "orang bilang tanah kita 
tanah surga, tongkat kayu dan batu jadi tanaman" (jadi ngadegung hehe..) dina 
cai na ge seer, komo deui laukna...nya bah??! Haturnuhun
�
�
�
Baktos
�
�


--- Pada Sen, 15/6/09, H Surtiwa menulis:


Gampil pisan di urang mah, lamun anu parantos ngalakukeun ibdah haji..sok 
disebat haji kadang2 janten sebutan. Di nagara sejen mah umumna tara disebat 
haji. Soal haji ayana di mekah duka teuing...ari ceuk bangsa urang mah dimana 
wae sakahayangna. .asal parantos ngalukaeun ibadah haji. Teu acan papendak 
sareng urang arab anu nyebat dirina haji.. teu terang abdi mah standard 
kalakuan Haji malih naros aya henteu standard na. Anu teu acan ibadah haji ka 
Mekah oge seueur anu kalakuan sae ti batan anu parantos ngalakukeun ibadah 
haji...Asa teu aya patalina..

Kirim email ke