oo .. kitu kulan , punten manawi teh bati anu lebet kas nagara .. muhun ku kitu
ku kieu gen leres ari damelna mah memang aya manfaat .. tapi anu matak rahayat
arangkat ka luar nagari belaan jaten pembantu teh panginten di nagara urang aya
masalah panginten nya .. ? atuh naha masalahna eta we anu di ubaran .. nya
minimal aya usaha jang ngubarana .... Misalkeun ieu mah ... rahayat anu jegud
yeuh , atanapi tiasa di ukur cekaplah .. di peredih pamrih kango rereongan
ngumpulkeun dana kango ngabantos ( ngamodalan ) ngadidik anu teu marampuh
supaya mandiri .... upami aya sajuta urang rereongan tiap sasih alitna 100 rb
weh tiap sasih .... duh taun payun sigana nambihan di Indonesia teh 1 juta
calon sawarga ....Ari sagala ngandelkeun nagaramah da kumaha gening teu acan
aya hasilna wae .. teras lebar jeung karunya ka jelema jaregud deuih .. artos
teh di monyah - monyah we .. tong tebih tebih eta di bandung di tempat hiburan
tiap wengi meni ngajejel wae gening ....