Ieu pangalaman abdi

Leres kang, di poltabes bandung mah sae pisan palayananna.Abdi kantos ical 
dompet di cicadas, eusina ktp,sim a&c,kartu kredit&debit,ari artosna relatip 
teu ayaan.
Abdi lapor ka polisi, ditampina ramah pisan,ditaros aya kaperyogian 
naon,saentosna diwartoskeun yen abdi kaicalan dompet,dipiwarang ngantos heula 
ngantosan rengse anu sumping tipayun.Rengse dipangdamelkeun serat katerangan,pa 
pulisi henteu nyuhunkeun biayana,nya abdi masihan saridona,hawatos ngetikna oge 
masih nganggo mesin tik jadul.
Kumargi teu acan aya biaya kanggo ngadamel sim (disangki ageung biayana),bilih 
ditilang,abdi sumping deui nyuhunkeun serat katerangan perpanjangan 
kaicalan,teu sesah dipangdamelkeun serat kaicalan nu teu acan rengse,nyaeta 
kaicalan sim a&c,teu seueur patarosan,dipangdamelkeun deui serat kaicalan 
sapertos sateuacanna..
 
Ka kantor polisi jl.jawa, bade ngadamel sim a&c, rada degdegan,  kumargi teu 
gaduh foto copy sim a&c anu ical,sieun dipiwarang ngadamel sim baru, ari geus 
kolot sieun teu lulus ari kudu di tes deui mah.
Abdi nepangan ka bagian penerangan, ngajelaskeun maksadna yen sim abdi ical, 
polisi mung naroskeun serat katerangan ical ti pulisi satempat,saentosna 
dipasihkeun serat katerangan kaicalan,anjeunna ningal dina komputer, teras 
masihan data print2an sim a&c abdi nu ical, saurna kedah heula dilegalisir ka 
bagian dokumentasi,di bag dokumentasi oge lancar2 bae teu aya patarosan nanaon.
         
Saterasna abdi ngiring prosedur biasa,kirang langkung sajam,sim a&c abdi 
janten,heunteu ditest deui,disamikeun sareng prosedur perpanjangan,biyana sim 
a&c kirang ti 200 ribuan,tos kalebet asuransi,biaya langkung mirah upami 
ngadamel dua sim sakaligus kumargi biaya test kasehatan cekap sakali wae.Hatur 
nuhun pa pulisi.

--- On Mon, 6/29/09, lamsijan_ibrahimovic <[email protected]> wrote:


From: lamsijan_ibrahimovic <[email protected]>
Subject: [Urang Sunda] hoyong naros ka pa pulisi...
To: [email protected]
Date: Monday, June 29, 2009, 6:12 AM









Sampurasun.. .
Sawatara waktu ka tukang,babaturan kuring leungit dompet jeung eusina di daerah 
padalarang,kaleresa n babaturan kuring teh urang padalarang. Sadar dompetna 
leungit,tuluy we lapor ka polsek padalarang ngeunaan kaleungitan tea. Sanggeus 
nyieun laporan,tuluy si oknum teh menta duit 20 rebu rupia cenah keur biaya 
administrasi. Nu jadi patarosan kuring,NAHA ENYA MUN NYIEUN LAPORAN KALEUNGITAN 
ATAWA NAON BAE AYA BIAYANA?
Mun enya siga kitu,katurug katutuh atuh babaturan kuring teh,geus mah dompet 
jeung eusina leungit ditambah kudu mayar pas nyieun laporan di kantor 
pulisi.Karunya. ..
Kajadian nu kadua dialaman ku kuring sorangan.Kajadianna di polres 
cimahi.Harita kuring rek "perpanjangan" sim.Kuring ngurus sagalana ku sorangan 
sanajan aya tawaran "bantosan" ti oknum nu tangtuna teu gratis.Sanggeus beres 
cek sidik jari jeung cek kasehatan,kuring langsung ka loket pendaptaran, 
didinya kuring ditawaran "bantosan" ku salahsaurang
 oknum nu aya didinya.Kuring nolak,tuluy si oknum ngomong kieu,"tunggu 
dipanggil jam 10..."(teu ari bari peupeuleukeuk nyaritana mah).Kuring nunggu we 
di bangku.Sajeroning nungguan eta kuring ngarasa heran,naha ari nu sejen nu 
datangna leuwih paneuri batan kuring geus meunang sim deui?Jam 10.30an kuring 
dipanggil eta ge ngan ukur dititah ngeusi pormulir geus kitu...nunggu deui di 
bangku.Lar deui liwat jalma-jalma nu kakara datang nyokot sim nu geus jadi.
Kuring jadi mikir,tetela praktek percaloan teh aya keneh,ti mimiti calo sipil 
tepi ka oknum pahibut jaradi calo.Kumaha pa kapolres?Didinya aya provost ge teu 
ngaruh,da baturna keneh(maenya aya babaturan rek ngabejakeun babaturan?). 
Antugna ti jam 8 (ti mimiti buka loket,kuring meunang sim jam 11.30an.Beda 
jeung pelayanan sim poltabes bandung nu teu sajam-jam acan(konter sim di 
mol-mol.
Patarosan kuring:
1.Naha masarakat nu ngurus kaperluanna ku sorangan teu diprioritaskeun/ 
diutamakeun? Hawatos
 pa,berkasna katumpuk-tumpuk wae ku nu oknum calo.
2.Iraha polres cimahi tiasa bebas calo?Cenah pulisi keur ngajalankeun program 
QUICK WIN.
Sakitu nu kapihatur ti kuring,hampura mun basa sunda kuring teu merenah,da 
kuring mah kurang nyakola.
Wassalam

















      

Kirim email ke