ngarana ge ngarana.... aih sieyeun komentar ayeuna.... bisi ditewak ku
UU-ITE

2009/6/29 lamsijan_ibrahimovic <[email protected]>

>
>
>
> Sampurasun...
> Sawatara waktu ka tukang,babaturan kuring leungit dompet jeung eusina di
> daerah padalarang,kaleresan babaturan kuring teh urang padalarang. Sadar
> dompetna leungit,tuluy we lapor ka polsek padalarang ngeunaan kaleungitan
> tea. Sanggeus nyieun laporan,tuluy si oknum teh menta duit 20 rebu rupia
> cenah keur biaya administrasi. Nu jadi patarosan kuring,NAHA ENYA MUN NYIEUN
> LAPORAN KALEUNGITAN ATAWA NAON BAE AYA BIAYANA?
> Mun enya siga kitu,katurug katutuh atuh babaturan kuring teh,geus mah
> dompet jeung eusina leungit ditambah kudu mayar pas nyieun laporan di kantor
> pulisi.Karunya...
> Kajadian nu kadua dialaman ku kuring sorangan.Kajadianna di polres
> cimahi.Harita kuring rek "perpanjangan" sim.Kuring ngurus sagalana ku
> sorangan sanajan aya tawaran "bantosan" ti oknum nu tangtuna teu
> gratis.Sanggeus beres cek sidik jari jeung cek kasehatan,kuring langsung ka
> loket pendaptaran,didinya kuring ditawaran "bantosan" ku salahsaurang oknum
> nu aya didinya.Kuring nolak,tuluy si oknum ngomong kieu,"tunggu dipanggil
> jam 10..."(teu ari bari peupeuleukeuk nyaritana mah).Kuring nunggu we di
> bangku.Sajeroning nungguan eta kuring ngarasa heran,naha ari nu sejen nu
> datangna leuwih paneuri batan kuring geus meunang sim deui?Jam 10.30an
> kuring dipanggil eta ge ngan ukur dititah ngeusi pormulir geus kitu...nunggu
> deui di bangku.Lar deui liwat jalma-jalma nu kakara datang nyokot sim nu
> geus jadi.
> Kuring jadi mikir,tetela praktek percaloan teh aya keneh,ti mimiti calo
> sipil tepi ka oknum pahibut jaradi calo.Kumaha pa kapolres?Didinya aya
> provost ge teu ngaruh,da baturna keneh(maenya aya babaturan rek ngabejakeun
> babaturan?).Antugna ti jam 8 (ti mimiti buka loket,kuring meunang sim jam
> 11.30an.Beda jeung pelayanan sim poltabes bandung nu teu sajam-jam
> acan(konter sim di mol-mol.
> Patarosan kuring:
> 1.Naha masarakat nu ngurus kaperluanna ku sorangan teu
> diprioritaskeun/diutamakeun?Hawatos pa,berkasna katumpuk-tumpuk wae ku nu
> oknum calo.
> 2.Iraha polres cimahi tiasa bebas calo?Cenah pulisi keur ngajalankeun
> program QUICK WIN.
> Sakitu nu kapihatur ti kuring,hampura mun basa sunda kuring teu merenah,da
> kuring mah kurang nyakola.
> Wassalam
>
>  
>



-- 
Aldo Desatura ® & ©
================
Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah bumi
Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata kata

Kirim email ke