Assalamu'alaikum wr wb
Ka para kuncen sareng ka para sesepuh anu aya di Kusnet ieu, Nami sim
kuring Subur M Natapradja, email sim kuring [email protected] ( anu
sok di angge )....punten abdi parantos nyerat anu kirang sapagodos sareng
dulur2 sadayana, kumargi kitu, akang neda pitulung ka saha bae kanggo nga
delete email akang ti group ieu, sanes akang mutuskeun babarayaan, malihan mah
ku akang tos di anggap dulur nyalira anu mana sim kuring hoyong tepang sareng
sadayana upami nuju aya di lembur kangge ngaraketkeun silaturrahiim, paralun
anu kasuhun, justru akang resep tur betah di ieu babakan teh, margi seu-eur
seratan2 anu penting kanggo akang pribadi tur manfa'at, sareng sanaos akang
tara ngintun email da kirang tina babasaan sareng rada kuper deuih, tapi satia
macaan postingan anu dongkap ti sadayana, namung akang danget ieu mulai aya
masalah sareng salah saurang anggota didieu nyaeta si irfan, janten akang alim
ngaganggu ka anu sanes na mendingan akang
weh anu ngundurkeun diri, kumargi alim ningal seratan si irfan deui, seja
undur diri weh ti ieu babakan, akang ngahaturkeun nuhun pisan ka sadayana anu
parantos ngabimbing akang tur masihan elmu2 boh agama atanapi kasundaan sanaos
teu sacara langsung, mudah2an Allah ngabales ku kasaean nana amiin yaa robbal
'alamiin.
sakali deui nuhun....nuhun...nuhun pisan ka sadayana...moal di hilapkeun
kasaean palawargi sadayana ka akang.
Wassalamu'alaikum wr wb
S M Natapradja
Access Yahoo!7 Mail on your mobile. Anytime. Anywhere.
Show me how: http://au.mobile.yahoo.com/mail