Bagea wilujeng tepang K Buyung, nuhun saran na kahartos pisan.
Insya Allah , tos rengse da masalahna ge, malihan sim kuring tos di hapunten ku 
warga Kusnet anu lian na, 
termasuk akang panginten nya, hatur nuhun, janten mudah2an moal aya deui , abdi 
ge kapok da janten isin ku anu sanes na....ari pengetahuan mah abdi ge panuju, 
seu-eur pisan pulunganneun nana ti ieu babakan teh, numawi abdi sesah ge 
ngantunkeun nana.akang ge aya penginten rebuan mah files anu di saved , kangge 
bacaeun di lembur jaga. atuh ka anu masihan postingan nana, upami ku abdi di 
amalkeun tur di sebarkeun, insya Allah kasaean nana bakalan kacipratan, amiin.

salam kenal kang Buyung
Kang Nata ( Subur )




________________________________
From: Buyung NulHakim <buyu...@yahoo.com>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Tuesday, 30 June, 2009 7:19:15 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Sampurasun.....................





Haturan kang Subur jeung sumbang saran kasadayana anu bade "no mail" oge
Nepangkeun oge sim kuring Buyung blasteran barat (jawa barat jeung sumatra 
barat)
Abdi ngiringan babakan ieu mun teu salah tos 8 taunan, tapi osok cingogo wae di 
juru ningalian babakan ieu tapi teu "no mail"
ku sayah di akalan ngadamel folder anyar khusus babakan ieu.
tah, lamun hiji mangsa saminggon teu di buka bisa2 osok ratusan email asup. 
tinggal select all dan dilet deh.jadi teu keudah dibuka hiji2.
susuganan weh..aya topik menarik bisa kangge ilmu pengetahuan.
conto..eta anu ngadamel menu basa sunda di sebuah merek terkenal hape. abdi 
teurangna ti mang jamal. yeun si programmer teh urang antapani.
terus (hilap namina) wargi KUSNET oge anu ngadamel digitalisasi aksara sunda 
kuno.
ah..pokokna seueur ingpo na di KUSNET ieu.
jeung aya hiji deui yan abdi teh keur ngadagoan susuganan weh CLBK sayah muncul 
di KUSNET, pan oke juga kan hahahahaha punteun ah mang j anu ieu mah heureuy. 
ulah di tahanya email sayah.. acan kapanggih euy CLBKna sayah.

Buyung,
Singapura (nuju jadi TKI)




________________________________
From: subur natapradja <eagle7...@yahoo. com>
To: urangsu...@yahoogro ups.com
Sent: Tuesday, June 30, 2009 6:20:49 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Sampurasun.. ......... ..........


Hatur nuhun kana saran na kang Tito, tah kitu oge sae, akang  panuju pisan di ' 
No Mail " keun weh, da akang ge sedih hate tur pikiran teh bade ngantunkeun 
babakan ieu teh,da teu aya deu dulur anu pangcaket na duduluran dina email teh 
iwal ti KUSNET anu di aosan unggal dinten, namung dari pada akang nyarios anu 
garihal di aosna ku wargi2 sadayana da emang akang mah bodo ku basa tur elmu, 
janten isin ku anu sanes na, punten atuh ku akang pang 'no mail' keun, atanapi 
ku kuncen anu maos ieu seratan sim kuring, hatur nuhun sateuacan na.pang du'a 
ti sim kuring mah mugia ieu Kusnet teh sing janten ngajait kanu bodo, mere 
pepeling ku cara anu hade supaya pikaresepeun tur pikabitaeun batur, anu 
hartosna, kahoyong teh, ulah sa ucap2na lamun lain ucapeun nana, bisi nyinggung 
batur, sareng kedah tiasa nyiwit diri heula sateuacan nyiwit batur teh, ngarah 
sauyunan tur moal aya papaseaan... . amiin

Wassalamu'alaikum wr wb
S M Natapradja




________________________________
From: Tito Suryana <ti...@telkom. co.id>
To: urangsu...@yahoogro ups.com
Sent: Tuesday, 30 June, 2009 5:23:22 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Sampurasun.. ......... .........


Waalaikum salam wr.wb.
Haturan Kang subur, nepangkeun sim kuring Tito Suryana asli Cicadas Bandung, 
ayeuna nuju bubuara di Surabaya tos 14 tahun (sanes kuncen mung anggota biasa 
nu sok noongan wungkul)
Sapanumut sim kuring mah teu kedah kaluar kanggo sementawis mah mening no mail 
heula weh, manawi kapayuna dulur urang sadayana tiasa janten sadar diri soleh 
ati mun nyarios teu garihal.
yu urang du'akeun weh ...........
 
----- Original Message ----- 
>From: subur natapradja 
>To: urangsu...@yahoogro ups.com 
>Sent: Tuesday, June 30, 2009 4:13 PM
>Subject: [Urang Sunda] Sampurasun.. ......... .........
>
>
>
>Assalamu'alaikum wr wb
>
>     Ka para kuncen sareng ka para sesepuh anu aya di Kusnet ieu, Nami sim 
>kuring Subur M Natapradja, email sim kuring nata1...@urang- sunda.or. id ( anu 
>sok di angge )....punten abdi parantos nyerat anu kirang sapagodos sareng 
>dulur2 sadayana, kumargi kitu, akang neda pitulung ka saha bae kanggo nga 
>delete email akang ti group ieu, sanes akang mutuskeun babarayaan, malihan mah 
>ku akang tos di anggap dulur nyalira anu mana sim kuring hoyong tepang sareng 
>sadayana upami nuju aya di lembur kangge ngaraketkeun silaturrahiim, paralun 
>anu kasuhun, justru akang resep tur betah di ieu babakan teh, margi seu-eur 
>seratan2 anu penting kanggo akang pribadi tur manfa'at, sareng sanaos akang 
>tara ngintun email da kirang tina babasaan sareng rada kuper deuih, tapi satia 
>macaan postingan anu dongkap ti sadayana, namung akang danget ieu mulai aya 
>masalah sareng salah saurang anggota didieu nyaeta si irfan, janten akang alim 
>ngaganggu ka anu sanes na mendingan
 akang
>weh anu ngundurkeun diri, kumargi alim ningal seratan si irfan  deui, seja 
>undur diri weh ti ieu babakan, akang ngahaturkeun nuhun pisan ka sadayana anu 
>parantos ngabimbing akang tur masihan elmu2 boh agama atanapi kasundaan sanaos 
>teu sacara langsung, mudah2an Allah ngabales ku kasaean nana amiin yaa robbal 
>'alamiin.
>   sakali deui nuhun....nuhun. ...nuhun pisan ka sadayana.... moal di 
>hilapkeun kasaean palawargi sadayana ka akang.
>
>Wassalamu'alaikum wr wb
>
>S M Natapradja
>
>Access Yahoo!7 Mail on your mobile.. Anytime. Anywhere.
>Show me how: http://au..mobile. yahoo.com/ mail
>
>
>============ ========= ========= ======
>Mau GRATIS TELPON LOKAL, DISCOUNT 50% SMS, 
>DISCOUNT 20% SLJJ, dan DISCOUNT FLEXI MILIS? 
>Ikuti Dahsyatnya FLEXI KOMUNITAS. 
>Ketik CREATE [NAMA GRUP], sms ke 345. 
>Contoh: CREATE SMU2, sms ke 345. 
>Informasi selanjutnya :
>- hubungi 147
>- http://www.telkomfl exi.com
>- ketik INFO, sms ke 345. 
============ ========= ========= ======
Mau GRATIS TELPON LOKAL, DISCOUNT 50% SMS, 
DISCOUNT 20% SLJJ, dan DISCOUNT FLEXI MILIS? 
Ikuti Dahsyatnya FLEXI KOMUNITAS. 
Ketik CREATE [NAMA GRUP], sms ke 345. 
Contoh: CREATE SMU2, sms ke 345. 
Informasi selanjutnya:
- hubungi 147
- http://www.telkomfl exi.com
- ketik INFO, sms ke 345. 
________________________________
Access Yahoo!7 Mail on your mobile. Anytime.. Anywhere. Show me how. 




      
____________________________________________________________________________________
Access Yahoo!7 Mail on your mobile. Anytime. Anywhere.
Show me how: http://au.mobile.yahoo.com/mail

Kirim email ke