Kuring ge kakara engeuh, da geus lila teu kalongok. Cikeneh maca embaran, yen Wikibooks (dulurna WIkipedia), salasahiji proyek Wikimedia Foundation, anu versi Sundana (su.wikibooks.org) bade ditutup. Kuring salaku anu baheula ngadadasaran versi Sundana teu bisa kumaha, da memang hirup teu nyat paeh teu hos, taya alesan pikeun nolak ditutupna eta proyek, iwal.... mun aya nu rek ngagurudug ngokolakeun eta loka. Ari kuring pribadi mah batan sakieu ayana, waktu geus kasita ku gawe, teu sanggup ari kudu sosoranganan bae mah...
Kadar bewara bae ieu mah, nuhun. -- sikandar kumincir.blogspot.com www.urangsunda.or.id www.wikimedia.or.id

