Buku anyar nu ngabahas budaya Sunda. Persisna mah lalakon Bujangga Manik
tea. Beunang nerjemahkeun Hawe Setiawan ti buku bahasa Inggris, Three
Sundanese Poem beunang  A Teuw & Noordyun. Pedalan pustaka jaya gawe bareng
jeung KITLV jakarta. 

Lalakon naskah Bujangga Manik kapanggih kaitung panjang. Awalna milik
Perpustakaan Bodleian di Oxford, Inggris. Asalna mah milik saudagar Inggris,
Andrew James, nu nyerahkeun naskah eta ka perpustakaan Bodlein taun 1627
ataw 1629. Numutkeun A Teeuw, nu neruskeun gawe Noordyun (Noordyun kaburu
pupus) nyalin aksara sunda kuno ka latin, eta naskah ti abad ke-16. 

Pangaosna asana mah, kamari ngilikan di Togamas jl. Supratman Bandung, Rp
130.000.- duka tah di gramedia.

 

Kirim email ke