---------- Forwarded message ---------- From: Rahman <[email protected]> Date: 2009/7/2 Subject: [Baraya_Sunda] Re: Fwd: Jurus PANJANG UMUR di Milis? To: [email protected]
Baraya, Jurus nu paling gampang mah, manusa Sunda sina diajar TONG epes meer. Kagetruk saeutik PUNDUNG. Bulu punduk murinding.... terus hahaok bari teuteunjrag. Komo make kudu unggah balewatangan sagala. Lieur!!!! Aya paribasa: alus ku omong goreng ku omong. Mun hiji jelema omong na (dianggap) goreng, naha make kudu emosi sagala. Omongan deui bae. Pan aya nu disebut hak replik. Anu aneh dina UU ITE, eta penegak hukum siga nu teu ngarti hukum. Pirakeu omongan garah geureuh dina internet dikriminalisasi? Halah.... mun kuring tiap koceak lapor ka pulisi, nya atuh jadi riweuh? Kasus na dijamin bakal ngabugbrug teu puguh! Penegak huku KUDU konstrasi kana hal2 anu penting. Lain kalah nguruskeun tetek bengek kawas kieu? baktos, Rahman --- In [email protected], mh <khs...@...> wrote: > > ---------- Forwarded message ---------- > From: mh <khs...@...> > Date: 2009/7/1 > Subject: Jurus PANJANG UMUR di Milis? > To: [email protected] > > > hehehe, noong kusnet keur harengheng euy. > > mun urang noong buku panduan wisata, sok aya jampe pamake > pikeun ulin ka hiji tempat, judulna teh mun teu salah mah asana > "do's and don'ts". > > cing pikeun panduan urang komunikasi di milis, ngarah panjang > umur, kira-kirana cara komunikasi nu jiga kumaha nu dipikaresep > jeung nu teu dipikaresep ku urang. > > cing luangkeun waktu sakeudeung mah, keur ngotretkeun perkara > jampe pamake di luhur. tong loba-loba, tuliskeun hiji nu dipikaresep > jeung hiji nu teu dipikaresep, nu pakait jeung cara komunikasi di > milis. > > (mh) > ------------------------------------ http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]Yahoo! Groups Links

