"Jay, tong udud wae maneh teh atuh!"
"Naha kitu ?"
"Haram deuleu !"
"Ceuk saha ?"
"Ih ari maneh, apanan geus aya fatwa-na yen udud teh haram"
"Fatwa ti saha ?"
"Ti MUI atuh!"
"Majelis Ulama Indonesia ?"
"Enya !"
"Owh kitu ?"
"Enya !"
"Jadi, udud teh haram ?"
"Enya !"
"Mun udud haram, hartina ngalakukeun udud teh dosa atuh nya ?"
"Enya !"
"Komo mun bari nyundut pom bensin mah, heueuh ?"
"Enya !"
"Jadi status-na teh atuh ningkat ayeuna mah udud teh ?"
"Ningkat kumaha ?"
"Tadina mah apanan loba pendapat yen udud teh makruh,
 tuluy ayeuna jadi haram"
"Enya kitu.."
"Jadi teu meunang udud atuh ?"
"Teu meunang!"
"Mun roko-na haram teu ?"
"Nya sarua !"
"Ceuk saha ?"
"Ceuk saha-ceuk saha.... apanan tadi geus disebutkeun ih!"
"Enya ududna nu haram mah, ari rokona mah da teu haram ieuh. 
 Haram soteh mun diudud !"
"Ih, ari maneh...!"
"Lain, apanan model daging bagong geuning, dagingna mah apanan 
 teu haram. Tah, mun didahar, karek haram.."
"Ah, ari maneh. Sok kamana karep"
"Yeee, atuh Gusti Alloh ge moal nyiptakeun bagong ari bagongna
 sorangan haram mah. Keur nanahaon ?"
"Nya eta mah urusan Gusti Alloh"
"Cik, atuh boga uteuk teh digunakeun. Hal-hal anu teu jelas teh pikiran !"
"Maksudna ?"
"Model Fatwa oge. Ari Fatwa teh pendapat manusa anu ngabogaan unsur 
 kira-kira jeung meureun keneh. Pendapat eta dumasar kana sagala 
 sudut pandang, salah saratusna tina sudut pandang kasehatan jeung 
 agama. Tah, udud ge dumasar kana sudut pandang kasehatan mah, matak 
 ngarugikeun nu udud. Apan ngarusak kasehatan teh ceuk agama ge teu 
 meunang."
"Jadi maneh satuju atuh kana Fatwa Udud Haram teh ?"
"Teu satuju !"
"Ih, ari bieu ? cenah ceuk maneh udud teh ngarusak kasehatan ?"
"Soal ngarusak kasehatan mah, sagala rupa ge bisa. Misalna, begadang,
 naek motor teu make baju, dahar loba teuing, komo tara barangdahar.
 Kabeh ge sarua we ngarusak kasehatan. Tapi naha teu diharamkeun ?"
"Eta mah lain deui atuh !"
"Kieu we atuh. Ceuk maneh, nu boga kakuasaan nangtukeun haram, wajib,
 sunah atawa makruh teh saha ?"
"Nya Alloh atuh !"
"Ari MUI Alloh lain ?"
"Nya lain !"
"Naha bet nyaruaan Alloh ?"
"Maksudna ?"
"Apan nu boga hak nangtukeun halal, haram, sunah, wajib, makruh teh
 Alloh.."
"Enya.."
"Nabi oge teu wani-wani nyebutkeun inih ituh haram, salian ti anu
 geus ditangtukeun ku Alloh"
"Hmm.."
"Nabi wae mun aya hal-hal anu teu jelas, sok tatanya ka Alloh heula.
 Ari MUI sok tatanya teu ka Alloh ?"
"Teuing atuh.."
"Bagong haram didahar. Haramna eta tuluy ditalungtik kunaon sababna.
 Sihoreng dina daging bagong mah loba mikroba anu ngarugikeun 
 kasehatan. Sabab, hirupna oge kotor. barangdaharna oge kotor. Tuluy 
 cara hirupna oge kotor. Karek kaharti mun daging bagong teh haram 
 mun didahar"
"Enya"
"Tah, kuayana ayeuna tehnolohi geus maju. Bagong teh ayeuna mah 
 dibudidayakeun.  Daharna beresih, pon kitu deui dagingna ge bersih. 
 Mun didahar ge, aman keur kasehatan"
"Tuluy ?"
"Mun geus kitu, aya teu nu wani-wani ngaluarkeun fatwa yen daging 
 bagong teh ayeuna mah halal ?"
"Teuing..."
"Tah, matakna..."
"Ah ari nu sok udud mah da memang sok hararese, bisa wae neangan  
 alesan !"
"Lain kitu Dul... mun pamarentah atawa pihak-pihak nu teu satuju soal 
 udud,cik atuh make cara-cara anu hade. Diajar atuh ka Pom Bengsin.."
"Naha bet ka Pom Bengsin ?"
"Mun datang ka Pom bengsin, aya kitu nu wani arudud ?"
"Euweuh !"
"Enya Euweuh, sabab kaharti yen mun udud di Pom Bengsin tuluy nyundut
 kana Bengsin, geus pasti kahuruan. Kabeh ngarti kana hal eta"
"Enya.. tuluy ?"
"Tah, supaya urang sakabeh teu arudud ku lantaran bisi ngarusak 
 kasehatan, atuh bere nyaho ka masarakat bahayana udud teh. Sing 
 jentre, sing hade, bari teu kudu matak nyeri hate !. Bere 
 pengertian, meh kaharti. Da mun geus ngalarti mah keu kudu dicurum 
 caram ge areureun sorangan ieuh arudud teh"
"Heueh nya..."
"Nya heueuh atuh..!"
"Ari maneh ngarti teu bahayana udud ?"
"Nya Ngarti atuh !"
"Naha atuh mun ngarti mah geuning udud keneh ?"
"Eh Dul, uing teh sabenerna mah gemes. Mun bisa mah hayang ngaduruk
 pabrik rokona sakalian."
"Naha atuh lain diduruk ?"
"Ngaduruk pabrik mah apanan ngalanggar hukum"
"Trus ?"
"Tah kusabab teu bisa ngaduruk pabrikna, jadi ku uing ngeureuyeuh
 ngaduruk rokona sabatang-sabatang..."
"Aaaaahhhhhh....... angger !"



-Jay-

Kirim email ke