Sampurasun Baraya..mudah-mudahan baraya sadaya dina enggoning ngambah kahirupan sapopoe aya dina panangtayungan Allah SWT..amin ya robal alaminâ¦
Dina danget ieu Mang Utas bade ngaguar ngeunaan Syekh Haji Abdul Muhyi, rehna numutkeun buku anu disusun ku R. Abdullah Apap bin R. Haji Abdullah Miftah dina cetakan ka 4 tahun 1997, Syekh Haji Abdul Muhyi ngagaduhan opat urang garwa, ti opat urang garwana lahir dalapan belas urang putra/putri, diantarana : 1. SEMBAH AYU BAKTA (Garwa ka-1) ngalahirkeun; 1.1. Syekh Abdullah 1.2. Dalem Bojong 1.3. Syekh Faqih Ibrahim 1.4. Ny. Madya Kusumah (dinikah ku Syekh Najmudin Lengkong Kuningan) 2. SEMBAH AYU FATIMAH (Garwa ka-2) ngalahirkeun; 2.1. Syekh Kiai Nadzar 2.2. Syekh Atam 2.3. Ny. R Usim 2.4. Ny. R. Arunah 2.5. Ny. R. Hatisah 3. SEMBAH AYU SELAMAH / R. AJANG HALIMAH Binti R. Tumenggung Anggadipa Wiradadaha ka III Bupati Sukapura / Bupati Sawidak (Garwa ka-3) ngalahirkeun; 3.1. Kiai Bagus Muhammad 3.2. Ny. R. Siti 3.3. Ny. R Ajeng (dinikah ku R. H. Ajeng Wajah/Syekh H. Abdul Wajah) makamna di Gunung Sari Ciamis. 4. SEMBAH AYU AYU WINANGUN (Garwa ka-4) ngalahirkeun; 4.1. Ny. R. Candra 4.2. Ny. R. Ajeng Enur 4.3. Ny. R. Jabaniah 4.4. Ny. R. Ajeng Nidor 4.5. R. Bagus Atim 4.6. R. Ali Akbar Upami ningali kana jumlah putra/putrina anu pang seueurna ti garwa anu panganomna (ka-4) nyaeta 6 urang. Cikan manawi aya anu terang sajarahna anu 4 garwana eta disabumikeun atanapi misah-misah bumi? Mun teh disabumikeun eta naon resepna nya? Cag.

