Haturan kang Geni, hatur nuhur eta katerangan katampi tur nulungan ka sim kuring, margi abdi teh nuju di ajar sareng ngumplitan silsilah kakantun pun aki alm, kanten salah sawios na abdi anu neraskeun.
Atuh ka para wargi anu aya di Kusnet ieu" Mamanawian aya nu gaagaduha catetan, coretan gambar jsb, mugia disuhunkeun karidhoan nana supados sim kuring di kintun kanggo neraskeun hancaan sim kuring ngumplitan silsilah ieu, hususna anu aya patalina ti : Raja Mataram, Prabu Ratu Galuh, Dalem Hajasari ( timbanganten Garut ), Sukapura, Padjadjaran, rada ka beh dieukeun, ti Eyang Dalem Mahmud, hatur nuhun sateuacan na., margi hikmah na nyucruk silsilah ieu teh, gening kantos sim kuring pendak sareng sababaraha jalmi di FaceBook, sing horeng teh wargi ti kapi aki, tah sapertos kitu, insya Allah urang tiasa nambihan silaturrahiim, amiin. Wassalam S M Natapradja ________________________________ From: geni_bara <[email protected]> To: [email protected] Sent: Saturday, 4 July, 2009 9:58:59 AM Subject: [Urang Sunda] Garwa + Putra/Putri Syekh H. Abdul Muhyi Sampurasun Baraya..mudah- mudahan baraya sadaya dina enggoning ngambah kahirupan sapopoe aya dina panangtayungan Allah SWT..amin ya robal alamin… Dina danget ieu Mang Utas bade ngaguar ngeunaan Syekh Haji Abdul Muhyi, rehna numutkeun buku anu disusun ku R. Abdullah Apap bin R. Haji Abdullah Miftah dina cetakan ka 4 tahun 1997, Syekh Haji Abdul Muhyi ngagaduhan opat urang garwa, ti opat urang garwana lahir dalapan belas urang putra/putri, diantarana : 1. SEMBAH AYU BAKTA (Garwa ka-1) ngalahirkeun; 1.1. Syekh Abdullah 1.2. Dalem Bojong 1.3. Syekh Faqih Ibrahim 1.4. Ny. Madya Kusumah (dinikah ku Syekh Najmudin Lengkong Kuningan) 2. SEMBAH AYU FATIMAH (Garwa ka-2) ngalahirkeun; 2.1. Syekh Kiai Nadzar 2.2. Syekh Atam 2.3. Ny. R Usim 2.4. Ny. R. Arunah 2.5. Ny. R. Hatisah 3. SEMBAH AYU SELAMAH / R. AJANG HALIMAH Binti R. Tumenggung Anggadipa Wiradadaha ka III Bupati Sukapura / Bupati Sawidak (Garwa ka-3) ngalahirkeun; 3.1. Kiai Bagus Muhammad 3.2. Ny. R. Siti 3.3. Ny. R Ajeng (dinikah ku R. H. Ajeng Wajah/Syekh H. Abdul Wajah) makamna di Gunung Sari Ciamis. 4. SEMBAH AYU AYU WINANGUN (Garwa ka-4) ngalahirkeun; 4.1.. Ny. R. Candra 4.2. Ny. R. Ajeng Enur 4.3. Ny. R. Jabaniah 4.4. Ny. R. Ajeng Nidor 4.5. R. Bagus Atim 4.6. R. Ali Akbar Upami ningali kana jumlah putra/putrina anu pang seueurna ti garwa anu panganomna (ka-4) nyaeta 6 urang. Cikan manawi aya anu terang sajarahna anu 4 garwana eta disabumikeun atanapi misah-misah bumi? Mun teh disabumikeun eta naon resepna nya? Cag. ____________________________________________________________________________________ Access Yahoo!7 Mail on your mobile. Anytime. Anywhere. Show me how: http://au.mobile.yahoo.com/mail

