Loba jalma anu natanyakeun naha Indonesia bisa makmur jiga nagara-nagara maju sejenna? terus mun hoyong majukeun nagara, kumaha carana???secara sederhana, cara majukeun nagara teh nyaeta ku menyediakan lapangan pekerjaan bagi para pendudukna, supaya penduduk boga panghasilan atau "duit".Nah, kumaha carana supaya lapangan pekerjaan teh bisa aya??? pertama bisa ku cara mengundang investor asing, atau bisa dari investor dalam negeri, atanapi nga-stimulasi rakyat sangkan bisa motekar jadi wirausahawan. Nah, sabenerna muara ti sadaya pilihan eta teh nyaeta kumaha carana "ngahasilkeun" duit nu saloba-lobana di dalam negeri, jeung "menahan" kaluarna duit ti dalam negeri ka luar negeri.Tah, di dieu opsi mengundang investor asing aya sisi lemahna, soalna duit nu dihasilkeun di dalam negeri bisa dibawa kaluar. Coba ku investor dalam negeri, duit teh tetep aya di dalam negeri. Tapi ayana pajak kanggo investor luar negeri atau perjanjian bagi hasil, bisa "narik" deui eta duit ka dalam negeri najan saeutik. terus ayana barang-barang impor oge,mawaan duit ti dalam negeri. tapi sakali deui, ku ayana pajak impor, najan saeutik, duit eta teh sabagian bisa dibawa deui ka dalam negeri. Oge, ku ayana kantor cabang perusahaan asing di Indonesia, bisa ngahasilkeun lapangan kerja jang penduduk Indonesia.Nah, itung-itungan mengenai banyaknya duit nu kaluar jeung banyak na duit nu aya di dalam negeri, memang ruwet. Selisih Ekspor-Impor jigana teu bisa mere gambaran nu jelas. sebab Ekspor teh mungkin wae dilakukan ku Perusahaan asing nu berinvestasi di Indonesia, Oge hasil ekspor teh oge cenah banyak nu di tabung atau "diparkir" di bank-bank Singapura atau nagara sejenna. Tah, jadi kumaha carana ngitung duit nu bener-bener aya atau nu beredar di Indonesia per-tahun?, jeung duit eta teh penyebarana kumaha, Ulah dugi ka 80 % uang di Indonesia teh dikuasai ku 20 % orang. tinangtu bakal timpang. Jadi Ka Pamarentah ayeuna, sok kumaha carana jang ngahasilkeun duit nu saloba-lobana di Indonesia, atau kumaha carana sangkan duit nu beredar di Indonesia teh loba dan bisa diserap secara merata ku rahayat Indonesia. Merata di dieu nyaeta adil, ulah hawek.. Da ari merata sakabeh jalma sarua pendapatana tiap bulan asa pamohalan.

