Poe Salasa sore, balik ngantor, meunang beja teh, anak tatangga kuring di RT sejen maot kulantaran kacilakaan di tol Pakanci Cirebon. Kaget, hareugeueun da puguh wawuh pisan boh jeung kolotna atawa jeung budakna. Samemeh kuring cicing di imah nu ayeuna, kuring natanggaan pisan, imahna ampir parendeng jeung imah nu dicicingan ku kuring. Budak nu maot, batur ulin barudak kuring waktu keur laleutik keneh. Atuh maleman nyontreng teh kuring ngilu ngemitan tepi ka jam 11 peuting. Cenah mayit teh rek disholatkeun jam 9 isuk-isuk terus langsung rek dikurebkeun. Untungna dikurebkeun teu pati jauh ti perumahan ngan 1 km. Jadi bisa ku leumpang, ngan jalanna nanjak.
Isuk-isuk, kuring ngaburu-buru pamajikan, arek nyontreng terus rek ngilu nyolatkeun mayit jeung nganteurkeun ka makam. Dasar awewe, lamun rek kaluar imah teh kudu dandan heula, dttungguan mani lila, satengah salapan kakara kaluar ti imah. Tempat TPS teh di lapangan deukeut masjid dimana mayit arek disalatkeun. Waktu kuring tepi, mayit acan dibawa ka masjid, masih di imahna keneh, jadi kuring daftar heula arek nyontreng. Terus diuk nungguan digeroan ku panitia. Kakara ge gek diuk, mayit kaburu datang, digarotong ka masjid. Kuring culang-cileung, hayang ngilu nyalatkeun tapi kumaha bisi pas giliran nyontreng. Gancangan nyampeurkeun ka panitia, menta giliran kuring mah ditunda heula. Tapi untung geuning panitia teh nyieun kawijaksanaan, salila acara nyolatkeun mayit, nyontreng teh ditunda heula. Gagancangan kuring ka masjid ka tempat wudhu. DI tempat wudhu teh ngantri deuih, padahal nu di jero masjid geus gogorowokan, supaya nu erek nyolatkeun gagancangan, sabab shalat rek dimimitian. Atuh waktu wudhu teh mani asa rusuh pisan. Beres wudhu, geblus ka masjid. Nu rek nyalatkeun loba pisan, kuring kabagean barisan pangtukangna. Masih acan konsentrasi, shalat geus kaburu dimimitian. Bari shalat, hate kuring ngarakacak, pikiran ngalayang kaditu-kadieu. Inget mayit nu ngalonjor dihareup teh, budak nu baheula sok ulin anjang-anjangan jeung si Tita, anak kuring nomer dua. Mona, budak nu maot teh, mahasiswi Kedokteran Maranatha semester VI. Kolotna pituin urang Palembang. Kuring jeung kolotna baheula sarua papada ngeusian imah kriditan pangmurahna di perumahan, sarua kulawarga anyar nu acan lalila kawin jeung acan baroga budak. Ras deui inget, kumaha hesena ngagedekeun budak, nyakolakeun budak nu biayana lain saeutik. Ari ayeuna budakna ngababatang. Teu karasa cimata kuring ngalemereh, bari shalat kuring ingsreuk-ingsreukan .... Beres nyalatkeun, mayit dibawa kaluar, lat we poho sabenerna mah kuring teh geus daptar nyontreng, tapi kalahka ngilu ngabring ka makam. Ngagedig bareng jeung nu pangheula nu rek nguruskeun. Ari mayit mah dibawana kana ambulan. Tepi ka makam teh rada luut-leet kesang, da sanajan deukeut, tapi jalanna nanjak. Nu nganteurkeun loba pisan, sabab salian ti kulawarga jeung tatangga, babaturan nu maot oge, barudak ngora loba pisan. Maklum cenah Mona teh kaasup "budak Gaul" Bandung, nu sering jadi "tamu" di hiji stasion radio nu populer di kalangan barudak ngora. Ku pajejelna kuring teu bisa deukeut, jadi ti kajauhan we, nempokeun upacara ngurebkeun teh. Kakara sadar kuring teh geus daptar nyontreng, nempo kana arloji. ah geuning kakara jam 11:00, aya keneh waktu keur nyontreng nu tutupna jam satu. Beres ngurebkeun, kuring ngagidig deui leumpang rurusuhan, bisi teu kabagean nyontreng. Tepi ka TPS, langsung nanyakeun geus dipanggil acan ka Hansip nu jaga lawang TPS. "Oh muhun, ke sakedap, antosan ke dipanggil deui!", cenah. Teu kungsi lila, kuring dipanggil, dibere surat sora terus asup ka tempat nyontreng. Contreng ....weh mani gede, supaya jelas katempo pilihan kuring. Ngemplong asana teh geu milih mah. Ngan tetep we aya nu ngaganjel, bisa moal kitu presiden nu kapilih mereskeun sagala nu awut-awutan di nagara urang, kaasup kaayaan lalu-lintas di urang, supaya ulah loba teuing korban "sia-sia", siga Mona, anak tatangga kuring: Budak harepan kolotna jeung bangsa ieu? Baktosna, WALUYA

