nya atuh kantun ngadu'a weh mudah mudahan pilihan urang teu lepat alias cocog 
tea.
kanggo ngabeberes indonesia mah teu tiasa sapertos ngabalikeun dampal leungeun 
meureun bah ? hehehehe soalna pakusutna loba teuing

  ----- Original Message ----- 
  From: waluya2006 
  To: [email protected] 
  Sent: Friday, July 10, 2009 10:48 AM
  Subject: [Urang Sunda] Milih bari Nyolatkeun Mayit .....





  Poe Salasa sore, balik ngantor, meunang beja teh, anak tatangga kuring di RT 
sejen maot kulantaran kacilakaan di tol Pakanci Cirebon. Kaget, hareugeueun da 
puguh wawuh pisan boh jeung kolotna atawa jeung budakna. Samemeh kuring cicing 
di imah nu ayeuna, kuring natanggaan pisan, imahna ampir parendeng jeung imah 
nu dicicingan ku kuring. Budak nu maot, batur ulin barudak kuring waktu keur 
laleutik keneh. Atuh maleman nyontreng teh kuring ngilu ngemitan tepi ka jam 11 
peuting. Cenah mayit teh rek disholatkeun jam 9 isuk-isuk terus langsung rek 
dikurebkeun. Untungna dikurebkeun teu pati jauh ti perumahan ngan 1 km. Jadi 
bisa ku leumpang, ngan jalanna nanjak.

  Isuk-isuk, kuring ngaburu-buru pamajikan, arek nyontreng terus rek ngilu 
nyolatkeun mayit jeung nganteurkeun ka makam. Dasar awewe, lamun rek kaluar 
imah teh kudu dandan heula, dttungguan mani lila, satengah salapan kakara 
kaluar ti imah. Tempat TPS teh di lapangan deukeut masjid dimana mayit arek 
disalatkeun. Waktu kuring tepi, mayit acan dibawa ka masjid, masih di imahna 
keneh, jadi kuring daftar heula arek nyontreng. Terus diuk nungguan digeroan ku 
panitia.

  Kakara ge gek diuk, mayit kaburu datang, digarotong ka masjid. Kuring 
culang-cileung, hayang ngilu nyalatkeun tapi kumaha bisi pas giliran nyontreng. 
Gancangan nyampeurkeun ka panitia, menta giliran kuring mah ditunda heula. Tapi 
untung geuning panitia teh nyieun kawijaksanaan, salila acara nyolatkeun mayit, 
nyontreng teh ditunda heula. 

  Gagancangan kuring ka masjid ka tempat wudhu. DI tempat wudhu teh ngantri 
deuih, padahal nu di jero masjid geus gogorowokan, supaya nu erek nyolatkeun 
gagancangan, sabab shalat rek dimimitian. Atuh waktu wudhu teh mani asa rusuh 
pisan. Beres wudhu, geblus ka masjid. Nu rek nyalatkeun loba pisan, kuring 
kabagean barisan pangtukangna. Masih acan konsentrasi, shalat geus kaburu 
dimimitian.

  Bari shalat, hate kuring ngarakacak, pikiran ngalayang kaditu-kadieu. Inget 
mayit nu ngalonjor dihareup teh, budak nu baheula sok ulin anjang-anjangan 
jeung si Tita, anak kuring nomer dua. Mona, budak nu maot teh, mahasiswi 
Kedokteran Maranatha semester VI. Kolotna pituin urang Palembang. Kuring jeung 
kolotna baheula sarua papada ngeusian imah kriditan pangmurahna di perumahan, 
sarua kulawarga anyar nu acan lalila kawin jeung acan baroga budak. Ras deui 
inget, kumaha hesena ngagedekeun budak, nyakolakeun budak nu biayana lain 
saeutik. Ari ayeuna budakna ngababatang. Teu karasa cimata kuring ngalemereh, 
bari shalat kuring ingsreuk-ingsreukan ....

  Beres nyalatkeun, mayit dibawa kaluar, lat we poho sabenerna mah kuring teh 
geus daptar nyontreng, tapi kalahka ngilu ngabring ka makam. Ngagedig bareng 
jeung nu pangheula nu rek nguruskeun. Ari mayit mah dibawana kana ambulan. Tepi 
ka makam teh rada luut-leet kesang, da sanajan deukeut, tapi jalanna nanjak. Nu 
nganteurkeun loba pisan, sabab salian ti kulawarga jeung tatangga, babaturan nu 
maot oge, barudak ngora loba pisan. Maklum cenah Mona teh kaasup "budak Gaul" 
Bandung, nu sering jadi "tamu" di hiji stasion radio nu populer di kalangan 
barudak ngora. Ku pajejelna kuring teu bisa deukeut, jadi ti kajauhan we, 
nempokeun upacara ngurebkeun teh.

  Kakara sadar kuring teh geus daptar nyontreng, nempo kana arloji. ah geuning 
kakara jam 11:00, aya keneh waktu keur nyontreng nu tutupna jam satu. Beres 
ngurebkeun, kuring ngagidig deui leumpang rurusuhan, bisi teu kabagean 
nyontreng. Tepi ka TPS, langsung nanyakeun geus dipanggil acan ka Hansip nu 
jaga lawang TPS. "Oh muhun, ke sakedap, antosan ke dipanggil deui!", cenah.

  Teu kungsi lila, kuring dipanggil, dibere surat sora terus asup ka tempat 
nyontreng. Contreng ....weh mani gede, supaya jelas katempo pilihan kuring. 
Ngemplong asana teh geu milih mah. Ngan tetep we aya nu ngaganjel, bisa moal 
kitu presiden nu kapilih mereskeun sagala nu awut-awutan di nagara urang, 
kaasup kaayaan lalu-lintas di urang, supaya ulah loba teuing korban "sia-sia", 
siga Mona, anak tatangga kuring: Budak harepan kolotna jeung bangsa ieu?

  Baktosna,
  WALUYA



  
====================================
Mau GRATIS TELPON LOKAL, DISCOUNT 50% SMS, 
DISCOUNT 20% SLJJ, dan DISCOUNT FLEXI MILIS? 
Ikuti Dahsyatnya FLEXI KOMUNITAS. 
Ketik CREATE[NAMA GRUP], sms ke 345. 
Contoh: CREATE SMU2, sms ke 345. 
Informasi selanjutnya :
- hubungi 147
- http://www.telkomflexi.com
- ketik INFO, sms ke 345. 

====================================
Mau GRATIS TELPON LOKAL, DISCOUNT 50% SMS, 
DISCOUNT 20% SLJJ, dan DISCOUNT FLEXI MILIS? 
Ikuti Dahsyatnya FLEXI KOMUNITAS. 
Ketik CREATE<spasi>[NAMA GRUP], sms ke 345. 
Contoh: CREATE SMU2, sms ke 345. 
Informasi selanjutnya:
- hubungi 147
- http://www.telkomflexi.com
- ketik INFO, sms ke 345.

Kirim email ke