Ari biasana mah, kabinet teh disusun alatan kasepakatan pas koalisi. Tiap partai nu ngilu koalisi geus dibere korsi sewang-sewangan. jadi calon ti luar partai nu ahli ti widangna, leutik peluangna jang dijadikeun menteri. Komo deui usulan ti organisasi kadaerahan mah, ukur ditanggapi jang alasan kampanye wungkul. ayeuna mah, keur reang, partai koalisi naragih janji SBY. Tah, bijaksana pisan mun partai nu teu maksakeun maneh nempatkeun kaderna nu teu ahli diwidangna. Contona, PAN nyu wajib menang korsi menteri pendidikan, padahal mah si Bambang Sudibyo teh kan ahli keuangan, lain ahli pendidikan. Jadi, mun dek mere usul, nya kudu ka partai nu bersangkutan, sangkan maranehna profesional, teu asal nempatkeun kader.
________________________________ From: MRachmat Rawyani <[email protected]> To: [email protected] Sent: Friday, July 10, 2009 4:28:44 PM Subject: [Urang Sunda] Re: noon pimentrieun ti 34 tokoh tea...hutang budi bayar body ari ceuk Suryo Pratomo. salah sahiji editor senior di media grup, dina wawancara di salah sahiji televisi, justru milih menteri ku alatan "hutang budi kudu bayar body", bari jeung teu profesional di widangna, anu ngabalukarkeun nagara teu maju-maju. Kunaon sih heunteu ngangkat para menteri ti pagawe departemen bersangkutan. Maenya teu aya hiji-hiji acan birokrat anu pinter jeung boga idealisme. Soalna lamun menteri anu diangkat ti luar departemen, kudu aya adaptasi heula, oge diragukeun loyalitasna (upama menteri anu diangkat ti kalangan partai). Sok geura ayakeun panalungtikan, kumaha kinerja para menteri anu ti golongan parpol. Tapi teuing ketang, ieu mah ngan sakadar pipikiran "common sense" anu teu didasaran bukti-bukti anu kuat. baktos, mrachmatrawyani --- On Fri, 7/10/09, waluya2006 <waluya2...@yahoo. co.id> wrote: >From: waluya2006 <waluya2...@yahoo. co.id> >Subject: [Urang Sunda] Re: noon pimentrieun ti 34 tokoh tea... >To: urangsu...@yahoogro ups.com >Date: Friday, July 10, 2009, 2:16 PM > > >Jabar jeung Banten, kaasup provinsi paling loba jelemana. Ti dua provinsi ieu, > SBY-Boedi tina hasil "itungan gancang", meunang sora leuwih ti 60%, leuwih >gede tibatan ti provinsi lembur maranehna sorangan. Jadi? Nya wajar we lamun >nu nyumbang sora pangreana, meunang posisi mentri nu rada lumayan. Ngan >nyaeta, sakapeung ari geus hasil mah sok kapopohokeun ....hehehehe > >>Baktos, >>WALUYA > >

