Upama urang masih make tradisi heubeul, nyaeta bayar body ka partai anu ngiluan koalisi, bari jeung heunteu ditingali ahli dina widang naon, nagara moal menyat-menyat. Ngangkat wapres anu ahli ekonomi sabenerna mah hiji tindakan positif dibandingkeun capres sejenna. Para palaku ekonomi ngarespom positif. Kamari kuring ngobrol jeung salah sahiji manajer pabrik cet Jepang di kawasan industri Karawang. Samemeh pilpres produksi pabrik menurun nepi ka 30 persen. Sok sanajan teu aya PHK, tapi kagiatan anu biasana aya lembur, dikurangan. Sabada pamilon wapres, produksi cetna normal deui.
Ari kuring mah ngabayangkeun, para parpol teh ngajukeun calon menterina ahli dina widangna, sok sanajan calon eta teh lain anggota partaina. Para menteri anu heunteu berprestasi atawa "bermasalah" tong diajukeun deui ku Partaina. Contona menteri Kasehatan ayeuna, pan departemenna teh nuju geunjleung perkara korupsi. Kuduna mah SBY teh konsekuen, lamun hayang pamarentahanana bersih. Kamari kuring ngobrol jeung hiji dosen, adina teh salah sahiji anu ngadegkeun partai demokrat. SBY teh mentingkeun pertumbuhan, tapi "mengabaikan" keberlangsungan sumber daya alam. Satekah polah rek nyegah supaya heunteu ngorbankeun sumber daya alam hese pisan. Soalna di sakuriling SBY loba anu mentingkeun aya "proyek" bari jeung teu malire atawa miara kakayaan alam. Tingali wae leuweung di Kalimantang jeung Papua raruksak. Komo deui di Sumatera. baktos, mrachmatrawyani --- On Fri, 7/10/09, Harie Hardiansyah <[email protected]> wrote: From: Harie Hardiansyah <[email protected]> Subject: Re: [Urang Sunda] Re: noon pimentrieun ti 34 tokoh tea...hutang budi bayar body To: [email protected] Date: Friday, July 10, 2009, 5:14 PM Ari biasana mah, kabinet teh disusun alatan kasepakatan pas koalisi. Tiap partai nu ngilu koalisi geus dibere korsi sewang-sewangan. jadi calon ti luar partai nu ahli ti widangna, leutik peluangna jang dijadikeun menteri. Komo deui usulan ti organisasi kadaerahan mah, ukur ditanggapi jang alasan kampanye wungkul. ayeuna mah, keur reang, partai koalisi naragih janji SBY. Tah, bijaksana pisan mun partai nu teu maksakeun maneh nempatkeun kaderna nu teu ahli diwidangna. Contona, PAN nyu wajib menang korsi menteri pendidikan, padahal mah si Bambang Sudibyo teh kan ahli keuangan, lain ahli pendidikan. Jadi, mun dek mere usul, nya kudu ka partai nu bersangkutan, sangkan maranehna profesional, teu asal nempatkeun kader.

