muhun kang...
kuring oge nonton eta film-teh. loba pulunganeunnana nya kang.
Eta bapana karunya kuringmah boga budak teu "cerdas" dina adaptasina.
tapi alus pisan eta film teh kang.

nuhun
jangdede


2009/7/12, Waluya <[email protected]>:
>
>
>
> Acara TV ari malem minggu, sakapeung sok bosen ngalalajoanana, tapi untung
> stasiun MetroTV sok muter pilem-pilem khusus nu teu diputer di bioskop da
> lain pelem holywood, bolywood atawa pelem indonesia populer. Rupa-rupa
> pilemna, aya pilem jieunan urang Iran, Kurdi, Perancis ...jrrd. Dina salah
> sahiji pilem Iran aya adegan budak keur diajar dikelas, ger hujan ngagebret
>
> turun, si budak ngadigdig kaluar teu noleh guruna, ...... lalajo hujan, nu
> saumur-umur manehna acan nyaho sabab anyar pindah ti hiji tempat di Iran nu
>
> jarang aya hujan. Aya deui pilem kurdi, nu ngagambarkeun kumaha kejemna
> perang di Irak, nu ngalalakon dina pelem eta, barudak wungkul ....tapi
> ampir
> kabeh tanpa daksa: buntung sukuna, leungeunna, yatim-piatu ......
>
> Nu sok rame mah, pelem Perancis. Geus dua nu dilalajoan. Nu kahiji
> nyaritakeun kumaha baheula waktu perang Dunya II urang Tunisia nu dijajah
> Perancis, direkrut jadi tentara perancis make saeutik embel-embel ngabela
> "tanah air perancis" nu harita diserebu jeung dikawasa Jerman. Nu kadua,
> malem minggu kamari, hanjakal lalajona ditengah-tengah, teu ti mimiti.
> Judul
> pelemna teh Le Grand Voyage. Ieu pelem nyaritakeun saurang imigran Maroko
> di
> Perancis nu hayang munggah Haji. Manehna dianteur ku anakna, nu lahir jeung
>
> gede di Perancis. Si bapa nu relijius ieu, boga prinsip lamun naek haji,
> ulah make jalan gampang, tapi kudu nu hese. Ceuk manehna leuwih afdol naek
> kuda kalde tinimbang mobil, leuwih hade naek mobil tinimbang naek kapal
> jeung leuwih hade naek kapal tinimbang naek kapal hiber.
>
> Jadi si bapa teh make mobil ti Perancis ka Mekkah. Sabab manehna teu bisa
> nyupir, anakna nu nyupiran. Anakna nu lahir jeung gede di Perancis, weleh
> teu ngarti kana sikep bapana nu relijius. Lalakon perjalanan bapa jeung
> anak
> nu boga sikep patulang-tonggong ieu, nu dicaritakeun. Hiji perjalanan nu
> jauh sabab ngaliwatan sababaraha nagara. Waktu tepi ka tapel wates Turki,
> bapa jeung anak ieu, keuna masalah dina paspor, untung aya nu nulungan
> urang
> Turki. Si urang Turki, sanggeus mangmereskeun masalah, ieu ngajak nyimpang
> ka imahna, terus ngarasa katarik indit ka Mekkah, manehna ngilu.
> DItengahperjalanan, masih di Turki, si "Turki" ieu ngajak anakna ka cafe
> ...terus nginum bir, mabok. Isuk-isuk si Turki ngaleungit, kaasup sabagian
> duit bapana, bekel ka Mekkah ........
>
> Sikep anak jeung bapa nu patulang-tonggong, terus ditempokeun dina pelem.
> Lamun bapana sholat, budakna ukur lalajo ....hehehe. Hiji waktu, di hiji
> tempat di nagara Arab (sigana mah di Suriah atawa Yordania) maranehna
> nginep
> di losmen nu aya diskotikna. Si budak ngilu "brang-breng-brong", terus
> mamawa awewe ka hareupeun kamarna, tepi kapergo ku bapana. Bapana
> ambek...... ngadigdig mamawa koperna, ditutur-tutur ku anakna nu menta
> dihampura. Si bapana nagen tepi ka anakna ngagorowok: " Bapa, lain dina
> agama oge mere maap teh alus?"
>
> Loba deui adegan anu narik tapi panjang teuing ah dongengna. Singket
> caritana mah si bapa jeung anak teh tepi ka Mekkah. Budakna ukur nungguan,
> sabot bapana ngalakukeun ritual-ritual haji. Tapi bapana teu jol wae, si
> budak neangan ngilu pasedek-sedek jeung jamaah, bari gogorowokan ngageroan
> bapana. Ku petugas keamanan si budak di"aman"keun da ngaganggu. Adegan
> saterusna di Rumah sakit, bapana geus ngababatang, maot. Si Budak ceurik
> gagaukan terus ditempokeun adegan si budak ngiluan ngamandian mayit bapana.
>
> Adegan pangakhirna ........ si budak nyegat taksi, meureun rek balik ka
> lemburna, Perancis ....
>
> Hiji pilem lenyepaneun .............
>
> Baktosna,
> WALUYA
>
> 
>

Kirim email ke