cing bah, kuring oge teu terus lalajona kaburu tibra, sanes ari panumpang aheng 
ibu ibu aya terasna teu/kacaritakeun deui teu ?

  ----- Original Message ----- 
  From: Waluya 
  To: Baraya Sunda ; [email protected] 
  Sent: Sunday, July 12, 2009 9:30 PM
  Subject: [Urang Sunda] Beda Generasi ......





  Acara TV ari malem minggu, sakapeung sok bosen ngalalajoanana, tapi untung 
  stasiun MetroTV sok muter pilem-pilem khusus nu teu diputer di bioskop da 
  lain pelem holywood, bolywood atawa pelem indonesia populer. Rupa-rupa 
  pilemna, aya pilem jieunan urang Iran, Kurdi, Perancis ...jrrd. Dina salah 
  sahiji pilem Iran aya adegan budak keur diajar dikelas, ger hujan ngagebret 
  turun, si budak ngadigdig kaluar teu noleh guruna, ...... lalajo hujan, nu 
  saumur-umur manehna acan nyaho sabab anyar pindah ti hiji tempat di Iran nu 
  jarang aya hujan. Aya deui pilem kurdi, nu ngagambarkeun kumaha kejemna 
  perang di Irak, nu ngalalakon dina pelem eta, barudak wungkul ....tapi ampir 
  kabeh tanpa daksa: buntung sukuna, leungeunna, yatim-piatu ......

  Nu sok rame mah, pelem Perancis. Geus dua nu dilalajoan. Nu kahiji 
  nyaritakeun kumaha baheula waktu perang Dunya II urang Tunisia nu dijajah 
  Perancis, direkrut jadi tentara perancis make saeutik embel-embel ngabela 
  "tanah air perancis" nu harita diserebu jeung dikawasa Jerman. Nu kadua, 
  malem minggu kamari, hanjakal lalajona ditengah-tengah, teu ti mimiti. Judul 
  pelemna teh Le Grand Voyage. Ieu pelem nyaritakeun saurang imigran Maroko di 
  Perancis nu hayang munggah Haji. Manehna dianteur ku anakna, nu lahir jeung 
  gede di Perancis. Si bapa nu relijius ieu, boga prinsip lamun naek haji, 
  ulah make jalan gampang, tapi kudu nu hese. Ceuk manehna leuwih afdol naek 
  kuda kalde tinimbang mobil, leuwih hade naek mobil tinimbang naek kapal 
  jeung leuwih hade naek kapal tinimbang naek kapal hiber.

  Jadi si bapa teh make mobil ti Perancis ka Mekkah. Sabab manehna teu bisa 
  nyupir, anakna nu nyupiran. Anakna nu lahir jeung gede di Perancis, weleh 
  teu ngarti kana sikep bapana nu relijius. Lalakon perjalanan bapa jeung anak 
  nu boga sikep patulang-tonggong ieu, nu dicaritakeun. Hiji perjalanan nu 
  jauh sabab ngaliwatan sababaraha nagara. Waktu tepi ka tapel wates Turki, 
  bapa jeung anak ieu, keuna masalah dina paspor, untung aya nu nulungan urang 
  Turki. Si urang Turki, sanggeus mangmereskeun masalah, ieu ngajak nyimpang 
  ka imahna, terus ngarasa katarik indit ka Mekkah, manehna ngilu. 
  DItengahperjalanan, masih di Turki, si "Turki" ieu ngajak anakna ka cafe 
  ...terus nginum bir, mabok. Isuk-isuk si Turki ngaleungit, kaasup sabagian 
  duit bapana, bekel ka Mekkah ........

  Sikep anak jeung bapa nu patulang-tonggong, terus ditempokeun dina pelem. 
  Lamun bapana sholat, budakna ukur lalajo ....hehehe. Hiji waktu, di hiji 
  tempat di nagara Arab (sigana mah di Suriah atawa Yordania) maranehna nginep 
  di losmen nu aya diskotikna. Si budak ngilu "brang-breng-brong", terus 
  mamawa awewe ka hareupeun kamarna, tepi kapergo ku bapana. Bapana 
  ambek...... ngadigdig mamawa koperna, ditutur-tutur ku anakna nu menta 
  dihampura. Si bapana nagen tepi ka anakna ngagorowok: " Bapa, lain dina 
  agama oge mere maap teh alus?"

  Loba deui adegan anu narik tapi panjang teuing ah dongengna. Singket 
  caritana mah si bapa jeung anak teh tepi ka Mekkah. Budakna ukur nungguan, 
  sabot bapana ngalakukeun ritual-ritual haji. Tapi bapana teu jol wae, si 
  budak neangan ngilu pasedek-sedek jeung jamaah, bari gogorowokan ngageroan 
  bapana. Ku petugas keamanan si budak di"aman"keun da ngaganggu. Adegan 
  saterusna di Rumah sakit, bapana geus ngababatang, maot. Si Budak ceurik 
  gagaukan terus ditempokeun adegan si budak ngiluan ngamandian mayit bapana. 
  Adegan pangakhirna ........ si budak nyegat taksi, meureun rek balik ka 
  lemburna, Perancis ....

  Hiji pilem lenyepaneun .............

  Baktosna,
  WALUYA



  
====================================
Mau GRATIS TELPON LOKAL, DISCOUNT 50% SMS, 
DISCOUNT 20% SLJJ, dan DISCOUNT FLEXI MILIS? 
Ikuti Dahsyatnya FLEXI KOMUNITAS. 
Ketik CREATE[NAMA GRUP], sms ke 345. 
Contoh: CREATE SMU2, sms ke 345. 
Informasi selanjutnya:
- hubungi 147
- http://www.telkomflexi.com
- ketik INFO, sms ke 345. 

====================================
Mau GRATIS TELPON LOKAL, DISCOUNT 50% SMS, 
DISCOUNT 20% SLJJ, dan DISCOUNT FLEXI MILIS? 
Ikuti Dahsyatnya FLEXI KOMUNITAS. 
Ketik CREATE<spasi>[NAMA GRUP], sms ke 345. 
Contoh: CREATE SMU2, sms ke 345. 
Informasi selanjutnya:
- hubungi 147
- http://www.telkomflexi.com
- ketik INFO, sms ke 345.

Kirim email ke